Lokasi Salat Id di Kota Bandung Poé Ieu, 21 April 2023

- 21 April 2023, 06:24 WIB
Ilustrasi Salat Id.*
Ilustrasi Salat Id.* /Pexels/iam hogir/Pikiran Rakyat.com/

 

 

GALURA – Pimpinan Pusat (PP) Muhammadiyah mutuskeun 1 Syawal 1444 H atawa Lebaran poé kahiji ninggang poé ieu, Jumaah, 21 April 2023. Ku kituna, sawaréh umat Islam di Indonesia bakal Lebaran sapoé leuwih awal ti tanggal anu geus ditetepkeun ku pamaréntah dina sidang isbatna kamari, nyaéta dina poé Jumaah ieu 21 April 2023.

Pimpinan Muhammadiyah di sakuliah Jawa Barat geus nyiapkeun lokasi pikeun pelaksanaan salat Idulfitri di sababaraha tempat, salasahijina di Kota Bandung.

Anapon lokasi salat Idulfitri PP Muhammadiyah Jawa Barat, dipuseurkeun di Lapangan Softball Lodaya Jalan Lodaya, Malabar, Kec. Lengkong, Kota Bandung. Salat Id dijadwalkeun baris dipingpin imam jeung khatib Dr. H. Hajar Sanusi, M.Ag.

 

Ieu daftar lengkep lokasi salat Id di Kota Bandung poé ieu 21 April 2023:

 

  1. PDM Kota Bandung, Jalan Kadipaten Raya No 4-6 Antapani
  2. PCM Coblong - Monumen Perjuangan (Monju) Rakyat Jabar, Jalan Dipati Ukur No. 48
  3. PCM Kiaracondong - Lapangan BTPN, Jalan A. Yani, Cicadas
  4. PCM Sukasari, Jalan Sarimanah 1 No. 38 Sarijadi
  5. PCM Cibiru - Buruan Komplek Perguruan Muhammadiyah SMK/SMA, Jalan Cilengkrang 2
  6. PCM Buah Batu - Lapangan MIM/MTC, Kawasan Niaga, Jl. Soekarno Hatta Jl. MTC Barat No. 590, Sekejati, Kec. Buahbatu
  7. PCM Cibeunying Kaler - Lapangan Parkir Gedung Pascasarjana USB YPKP, Jalan Suropati No. 89
  8. PCM Sumur Bandung - BTM Awaliyah PRM Kebon Pisang, Jalan Sukajadi No.27, Cipedes, Kec. Sukajadi
  9. PCM Astana Anyar - Lapangan Gedung Pesantren Muhammadiyah Tegallega Bandung, Jalan Otto Iskandar Dinata No.77B, Pelindung Hewan, Kec. Astanaanyar
  10. PCM Andir - Lapangan SD Negeri Raya Barat, Jalan Jend. Sudirman No. 587
  11. PCM Cibeunying Kidul - Lapangan Surapati Core, Jalan Suci (Jl PHH Mustapa)
  12. PCM Regol - Masjid Aula Al Marjan, Jalan Pasirjaya VI No. 20
  13. PCM Arcamanik - Buruan Masjid Al-Mushlih, Jalan Sumbersari Cisaranten Kulon- Arcamanik
  14. PCM Gedebage - Masjid Nurul Iman, Jalan Gedebage Selatan No. 20
  15. PCM Bojongloa Kidul - Komplek Pendidikan Muhammadiyah Bojongloa Kidul, Jalan Leuwipanjang Gg Kebon Kalapa
  16. PCM Ujung Berung

   a. Pondok Pesantren Syamsul Ulum, Jalan Teritorial No. 11 Cigending Ujungberung

   b. Masjid Al-Hidayah, Jalan Babakan Teureup Kelurahan Pasirjati, Kecamatan Ujungberung

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x