Bulan Mulud, Gapura Utama Situ Lengkong Panjalu Kabupaten Ciamis Ditutup

- 9 September 2023, 14:50 WIB
Gapura utama Situ Lengkong Panjalu Kabupaten Ciamis saheulanan ditutup tepi ka awal taun  2024 lantaran basisirna keur direvitalisasi.
Gapura utama Situ Lengkong Panjalu Kabupaten Ciamis saheulanan ditutup tepi ka awal taun 2024 lantaran basisirna keur direvitalisasi. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Bulan Mulud nu jaroh ka makam Hariang Kancana di Nusa Gede Situ Lengkong di Desa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis  merul, daratang ti mana-mana. Tapi gapura utama Situ Lengkong ditutup tepi ka awal taun anyar 2024.

 

Anu rek jaroh ka Nusa Gede, ka makam Hariang Kancana, teu bisa make parahu ti darmaga nu paeunteung-eunteung jeung darmaga di Nusa Gede atawa Nusa Larang. Ti dinya ka gapura Nusa Gede kawilang deukeut, ukur memenitan oge tepi. Ku naon Situ Lengkong tepi ka ditutup?

Pangna ditutup lantaran basisir Situ Lengkong deukeut lawang asup keur direvitalisasi, keur dibebenah, keur diropea, ngarah leuwih pikagenaheun wisatawan nu rek jaroh. Pamarentah Kabupaten Ciamis ngarevitalisasi Situ Lengkong pikeun leuwih ngaronjatkeun wisatawan nu engkena ngaronjatkeun PAD.

Baca Juga: Bulan Mulud Cikahuripan Prabu Hariang Kuning Panjalu Ciamis Beurang Peuting Pinuh ku Nu Marandi

Anu rek ka Nusa Gede saheulaanan asupna ti Hujung Winangun, kira-kira sakilometer ti tempat parkir, beulah kaler. Ti tempat parkir disadiakeun mobil wisata, tepi ka tempat parkir Karamat Hujung Winangun.

Ti tempat parkir Karamat Hujung Winangun laju ka Nusa Pakel, anggangna aya kana 500 meteran. Jalanna geus diplur ku beton, rubakna tilu meteran. Nu rek jaroh masing mawa motor oge teu meunang mawa motor. Kudu leumpang atawa naek ojeg.  

Nusa Pakel geus dibebenah ku Kejaksaan Negeri Ciamis. Di dinya aya gazebo keur masamoan, masjid, toilet jeung paranti wudu. Disadiakeun oge darmaga keur paparuhuan, nu rek jaroh ka Nusa Gede naek parahuna ti  Nusa Pakel.

Anu disebut Nusa Pakel teh saenyana ayeuna mah teu luyu jeung ngaranna, teu saperti Nusa Gede. Nusa pakel geus ngahiji jeung daratan, geus jadi pasawahan. Bareto mah Nusa Pakel teh pulo, ngan ku sabab sadimentasi, Nusa Pakel jadi ngahiji jeung daratan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x