Demonstran Ngaleut ka Kantor Pamarentah Kabupaten Bandung, Bupati: Koncina Silaturahmi

- 8 September 2023, 10:19 WIB
Polresta Bandung, Kemis, 7 September 2023, di  Jalan Raya Al-Fathu, Soreang, Kabupaten Bandung, ngagelar Simulasi Pengamanan Pemilu 2024.
Polresta Bandung, Kemis, 7 September 2023, di Jalan Raya Al-Fathu, Soreang, Kabupaten Bandung, ngagelar Simulasi Pengamanan Pemilu 2024. /Sopandi/galura.co.id


GALURA. CO.ID- Kemis, 7 September 2023, Jalan Raya Al-Fathu, Soreang, Kabupaten Bandung, panas. Demonstran buringas jeung gogorowokan sarta sababaraha di antarana narajang pulisi nu geus sagaya jeung tameng katut gas air mata.

Kapolresta Bandung Kombes Pol Kusworo Wibowo jeung Bupati Bandung Dadang Supriatna oge tepi ka ningali langsung. Kitu deui pajabat utama Polresta Bandung.

Najan kitu, Bupati Bandung yakineun wewengkon Kabupaten Bandung baris aman dina nyanghareupan jeung mangsa kampanye Pemilu 2024 nu dimimitian ti Nopember 2023 engkè.

Baca Juga: Kawah Putih Gunung Patuha Ciwidey Bandung, Karajaan Jin, Pabrik Walirang tepi ka Jadi Objek Wisata

Kayakinan Bupati Bandung bieu ditepikeun basa nitenan ti kadeukeutan kaayaan riweuhna nu demonstran jeung pulisi nu satekah meper buringasna demonstran. Geuning Bupati Bandung wanian?

Harita digelar Simulasi Pengamanan Pemilu 2024. “Resep pikeun ngungkulan saniskara potensi kajadian nu teu diharep nu mungkin muncul dina Pemilu 2024: maneuh silaturahmi babarengan jeung Kapolresta katut Dandim nepungan stakeholder di Kabupaten Bandung,” ceuk Bupati Bandung.

Ku silaturahmi, ceuk Bupati Bandung, pihakna bisa ngawangun jeung sakumna pihak: tokoh agama, tokoh masarakat, ormas Islam, ormas kapamudaan, kelompok masarakat, tepi ka pupuhu partai politik.

Cara ieu dipercaya Bupati Bandung bisa nyinglar sakaligus nyegah pacèngkadan nu ngabalukarkeun haeub politik nu ningkat dina kampanye Pemilu 2024.

Baca Juga: El Nino, Bupati Bandung Ngaluarkeun Intruksi Kompensasi 30 Persen Tarif PDAM

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x