Galura Cetak II September 2023 Ngaguar Ngeunaan Kaayaan Situs Fosil Purba di Tambaksari Kabupaten Ciamis

- 5 September 2023, 14:20 WIB
Galura cetak II September 2023 nu terbit Rebo, 6 September 2023 Ngaguar Ngeunaan Kaayaan Situs Fosil Purba di Tambaksari Kabupaten Ciamis nu tacan dijadikeun aset wisata budaya.
Galura cetak II September 2023 nu terbit Rebo, 6 September 2023 Ngaguar Ngeunaan Kaayaan Situs Fosil Purba di Tambaksari Kabupaten Ciamis nu tacan dijadikeun aset wisata budaya. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Lalanto ka Situs Fosil Tambaksari Ciamis, Tacan Dianggap Aset Wisata Budaya. Kitu judul headline halaman 1 Galura cetak II September 2023 nu terbit Rebo, 6 September 2023.

Tulisan sejenna dina Galura cetak II September 2023 dina rubrik Nyukcruk Galur aya patalina jeung headline: Tambaksari Ciamis, Kaimpikeun Jadi Pusat Studi & Penelitian Arkeologi, Paleontologi jeung Geologi Tingkat Dunya.

Galura pikeun nurunkeun dua tulisan bieu ngahaja ngiangkeun wartawanna ka Desa Tambaksari, Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis. Nepungan masarakat, kepala SMPN 1 Tambaksari jeung jupel Museum Situs Fosil Tambaksari.

Baca Juga: Disparbud Jawa Barat bakal Mindahkeun Museum Situs Fosil Tambaksari Kabupaten Ciamis ka Urugkasang

Hasil liputanana ditulis dina wangun warta investigasi, sarta dimuat di halaman 1 jeung halaman 3 dina Galura cetak II September 2023. Ku dua tulisan oge ceuk wartawanna tacan cukup, bakal diteruskeun deui dina edisi saterusna.

Pangna dua tulisan ngeunaan situs purba di Tambaksari karasana nganaha-naha lantaran tempat ditimukeunana fosil sasatoan purba nu hirup 2,2 juta taun ka tukang, jeung fosil manusa purba Homo erectus nu hirup 800 rebu taun ka tukang, henteu dibere plang nanaon.

Di Urugkasang, lelewek lengkob tempat kapanggihna fosil sasataon jeung fosil Homo erectus henteu make plang sangkan eta wewengkon taya nu ngaganggu.

Urut ekskavasina oge taya ciri nanaon. Anu ngahaja ka dinya hayang nyaho tempatna kudu tatanya ka warga nu geus meunang umur. Leuheung mun kabeneran panggih jeung warga nu bisa katerangan, ninggang henteu tepung pisan moal nyaho ieuh.

Baca Juga: Jaroh Tengah Peuting ka Makam Syeh Baing Yusuf, Dibaturan ku Angin Ngahiliwir

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah