Disparbud Jawa Barat bakal Mindahkeun Museum Situs Fosil Tambaksari Kabupaten Ciamis ka Urugkasang

- 1 September 2023, 09:00 WIB
Museum SItus Fosil Tambaksari di Desa Tambaksari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis, ku Disparbud Jawa Barat bakal dipindahkeun ka tempat nu deukeut ka lokasi kapanggihna fosil.
Museum SItus Fosil Tambaksari di Desa Tambaksari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis, ku Disparbud Jawa Barat bakal dipindahkeun ka tempat nu deukeut ka lokasi kapanggihna fosil. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Disparbud Jawa Barat ngarencanakeun Museum Situs Fosil Tambaksari Kabupaten Ciamis nu tadina di sisi jalan Tambaksari-Rancah dina taun 2024 bakal dipindahkeun ka blok Urugkasang, tempat kapanggihna fosil purba.

Blok Urugkasang masih di Desa Tambaksari, Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis. Ti Museum Situs Fosil Tambaksari nu diadegkeun ku Disparbud Jawa Barat sarta diresmikeun ku Gubernur Jabar Danny Setiawan (9 Maret 2004), ka Urug Kasang kira-kira 760 meter, kaliwatan ku jalan Tambaksari – Kota Banjar.

Blok Urugkasang nu asup ka Dusun Tambaksari, Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis ayana di lengkob. Pamandanganana endah, matak merenah pisan Disparbud Jawa Barat mindahkeun Museum Situs Fosil Tambaksari dipindahkeun ka dinya teh.

Baca Juga: Gunung Guntur Garut Kungsi Jadi Gunung Pangaktifna Sanusantara

Ti Tambaksari ka Urugkasang jalanna mudun, jalanna geus diaspal hotmix, parat tepi ka Kota Banjar. Lelewek Urugkasang pasawahan nu upluk-aplak diriung ku sababaraha pasir ipis.

Di Urugkasang aya tilu walungan: Cihonje, Cisanca, jeung Cisodong, tiluanana mapay pasawahan. Fosil purba rea kapanggih di Cihonje jeung di Cisanca. Cihonje ngamuara ka Cisodong, Cisodong ngamuara ka Cijolang.

Ari Cisanca mah langsung ngamuara ka Cijolang, walungan nu dipake tapel wates Jawa Barat jeung Jawa Tengah. Di Cijolang oge rea kapanggih fosil purba.

Gilang pagawe Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Jawa Barat nu sapopoena jaga jeung ngarumat Museum Situs Fosil Tambaksari nyebutkeun tempat relokasi Museum Situs Fosil Tambaksari teh sisi jalan Tambaksari-Kota Banjar, lahan nu teu disawahan.

Baca Juga: Melati di Tapal Batas, Kanyaah Tentara ka Rumaja Putri nu Bajuang di Medan Perang

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah