Asep Suryadi Jadi Camat Dayeuhkolot Kabupaten Bandung, Nanang Supriatna Ngajabat Kades Marsel

- 6 September 2023, 16:34 WIB
Asep Suryadi Camat ti Margahayu ditugaskeun ka Kecamatan Dayeuhkolot (tengah), Nanang Supriatna ditugaskeun jadi Plt Kepala Desa Margahayu Selatan (dikopeah).
Asep Suryadi Camat ti Margahayu ditugaskeun ka Kecamatan Dayeuhkolot (tengah), Nanang Supriatna ditugaskeun jadi Plt Kepala Desa Margahayu Selatan (dikopeah). /Sopandi/Galura.co.id

GALURA.CO.ID - Rotasi, mutasi, jeung promosi jabatan di Pemda Kabupaten Bandung dilaksanakeun, Selasa, 5 September 2023 kamari. Salasahijina Drs. Asep Suryadi M. KP nu asalna Camat Margahayu, dimutasi jadi camat Dayeuhkolot.

Asep can jejeg sataun jadi camat Margahayu, kurang leuwih 11 bulan dipindahkeun deui jadi camat Dayeuhkolot. Can bisa nanaon cenah keur Kecamatan Margahayu teh lantaran ngan sakeudeung tea.

"Sanaos sakedap mugia simkuring tiasa masihan kelir kanggo Kecamatan Margahayu. Neda pidua ti sadayana mugia Kecamatan Margahayu tiasa langkung sukses, langkung maju sareng langkung raharja, " ceuk Asep satutas ngayakeun gempungan pamungkas jeung para stafna di aula Kecamatan Margahayu, 6 September 2023.

Baca Juga: Tempat Jaroh di Bulan Mulud nu Bisa Dijugjug Kareta Api Commuter Line Bandung Raya

Camat anyar Margahayu, Tati nu tadina di inspektorat, nyanghareupan tugas jeung Pasualan nu numpuk. 

Pasualan sabudeureun pakotaan patali jeung runtah, kabersihan, lingkungan, banjir bandang maneuh nu can aya jalan kaluarna, butuh pamikiran jeung waktu nu teu sakeudeung.

Iwal ti kitu, ceuk Asep kudu moles deui sangkan Margahayu teu kaciri bèdana antara kota jeung kabupaten.

Riungan sakalian ngarojong Kasi Pembangunan Nanang Supriatna, nu mancèn tugas jadi Plt Kepala Desa Margahayu Selatan (Marsel) sanggeus H. Amin M Barkah, kades definitif resmi ngundurkeun diri patali jadi calon legislatif Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Make Teknologi PUSPA Ngolah Runtah, sangkan Kabupaten Bandung Beresih

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah