Bulan Mulud, Gapura Utama Situ Lengkong Panjalu Kabupaten Ciamis Ditutup

- 9 September 2023, 14:50 WIB
Gapura utama Situ Lengkong Panjalu Kabupaten Ciamis saheulanan ditutup tepi ka awal taun  2024 lantaran basisirna keur direvitalisasi.
Gapura utama Situ Lengkong Panjalu Kabupaten Ciamis saheulanan ditutup tepi ka awal taun 2024 lantaran basisirna keur direvitalisasi. /Nanang S/galura.co.id

Baca Juga: Naskah Kuna Titimangsana Taun 1303, Nu Bogana, Urang Cirebon, Neangan nu Bisaeun Narjamaahkeun

Mayar karcis asupna di pos karcis Nusa Pakel. Ka Galura, waktu Galura laha-loho ka dinya Jumaah sore (08/09/2023), patugas nu jaga nyebutkeun harga karcisna aya dua rupa. Mun euweuh kabersihan saurangna Rp8.000,- ari aya kabersihan mah Rp8.500,-.

Maksud aya kabersihan teh lamun wisatawan ka Nusa Pakelna rek botram atawa ngagelar acara nu tangtu sanggeusna perlu diberesihan. Tah, keur kabersihanana, saurangna mayar Rp500,-.

Pikeun nu rek jaroh ka Nusa Gede, ditutupna lawang utama Situ Lengkong teh, matak ngabarabekeun. Perlu ngaluarkeun waragad deui, salian mayar karcis jeung nyewa parahu.

Dina bulan Mulud nu rek jaroh teh loba pisan. Tangtu wae mobil wisatana moal mahi hiji mah. Masing leuwih hiji oge, jalanna ngan asup  samobileun. Moal bisa perewis, tambah deui tempar parkir Hujung Winangun henteu lega.

Sangkan nu rek jaroh teu jauh teuing leumpangna, beus wisata bisa eureunna di sisi Masjid Raya Panjalu. Sabada nurunkeun panumpang, beus diparkir di tempat parkir, tonggoheun gapura utama Situ Lengkong.***

 

  

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x