Bulan Mulud Cikahuripan Prabu Hariang Kuning Panjalu Ciamis Beurang Peuting Pinuh ku Nu Marandi

- 9 September 2023, 08:25 WIB
Nana, kuncen Cikahuripan Prabu Hariang Kuning Panjalu Kabupaten Ciamis.
Nana, kuncen Cikahuripan Prabu Hariang Kuning Panjalu Kabupaten Ciamis. /Nanang /galura.co.id

GALURA.CO.ID –Cikahuripan. Kitu ngaran sumber cinyusu di Kampung Cibungur, Desa Kertamandala, Kecamaatan Panjalu Kabupaten Ciamis teh. Ti Panjalu mah kuloneunana, nyimpangna di jalan gigireun supermarket. Mun holna ti kidul mah sanggeus Alun-Alun Panjalu.

Ti Panjalu anggangna kurang leuwih sakilometer. Jalanna, geus diaspal hotmix, nanjak mudun. Tepung jeung Bale Desa Kertamandala mengkol ka kenca, ka kidul. Jalanna, jalan desa goreng pisan. Duka dipake naon Dana Desa ku Desa Kertamandala teh.

Panggih pertelon. Jalan nu hiji mudun jalan nu hijid deui nanjak. Di dinya aya plang leutik nu nuduhkeun ka Cikahuripan. Jalan nu hiji deui nu nanjak eta mah brasna ka pakebonan sarta ngaliwat ka makam Adipati Hariang Kuning.

Baca Juga: Kawah Putih Gunung Patuha Ciwidey Bandung, Karajaan Jin, Pabrik Walirang tepi ka Jadi Objek Wisata

Cikahuripan ayana di lengkob, di sisi gawir nu pinuh ku rungkun awi jeung tatangkalan. Ti tempat parkir, jalan mudun, geus ditangga-tangga make tembok jeung make dipager ku beusi paragi muntang.

Di Cikahuripan aya bangunan, paranti mandi, di hareupeunana batu baradag. Caina herang ngagenyas, ngagolontor dina pipa paralon. “Halodo banget oge tara saat, caina angger, teu ngirangan debitna,” ceuk kuncen Cikahuripan, Nana.

Cai ti Cikahuripan dimangpaatkeun keur nyaian sawah nu ngampar di hareupeun Cikahuripan. Pasawahanana teh lega pisan. “Ku margi caina ti Cikahuripan nu tara orot, sawahna sataun panenna tilu kali,” ceuk Nana.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x