Awal Romadon, Polres Majalengka Bongkar 14 Kasus Narkoba dina Triwulan Kahiji 2024

- 14 Maret 2024, 17:30 WIB
Awal Romadon 1445 H ngungkab 14 kasus narkoba.
Awal Romadon 1445 H ngungkab 14 kasus narkoba. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID - Sabagean pengedar barang haram jeung nu ngagunakeunana diduga ngamangpaatkeun Bulan Suci Romadon keur tetep ngalaksanakeun aksina kalayan harepan aparat kapulisian balangah.

Tindak pidana ngeunaan narkoba jadi sorotan utama di awal taun ieu di wilayah Kabupaten Majalengka. Polres Majalengka Polda Jabar geus ngabewarakeun ngungkab 14 kasus ngeunaan narkoba salila triwulan kahiji taun 2024.

Dina periode Januari nepi Maret, Satuan Reserse Narkoba Polres Majalengka Polda Jabar ngalaksanakeun panalungtikan anu tungtungna kana penangkapan sajumlah ulon-ulon narkoba di wilayah hukumna.

Baca Juga: Kapolres Majalengka Ngaluuhan Diistrenanna PCNU Kabupaten Majalengka

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., anu dibarengan ku Kasat Narkoba Polres Majalengka, AKP Tatang Sunarya jeung Pajabat lianna negaskeun kasuksesan ngungkab kasus narkoba teu leupas ti kerja keras katut dedikasi patugas.

Tina 14 kasus anu sukses diungkab, aya variasi jenis tindak pidana ngeunaan narkoba. Aya dua kasus penangkapan ngeunaan narkotika jenis sabu, dua kasus ngeunaan narkotika jenis daun ganja kering, jeung sapuluh kasus ngeunaan penjualan jeung peredaran obat keras katut obat bebas terbatas tanpa izin edar.

"Sajumlah 15 tersangka tos diamankeun, kalebet ulon-ulon penjualan sareng peredaran obat keras pon kitu deui obat bebas terbatas tanpa izin edar, kepemilikan, sareng peredaran narkotika jenis sabu, sarta kepemilikan, penyimpanan, katut pengendalian narkotika jenis daun ganja kering," ceuk AKP Tatang Sunarya.

Inisial-inisial ulon-ulon anu diamankeun kaasup DML, RS, DM, RP, AS, ES, RM, H, R, MN, I, PP, GAPR, RIH, jeung AS. Barang bukti anu disita di antarana, narkotika jenis sabu 2,32 gram, narkotika jenis daun ganja kering 140,86 gram, sarta obat keras boh obat bebas terbatas saperti Tramadol, Trihexyphenidyl, Hexymer, katut Dextromethorphan kalayan total 12.832 siki.

Baca Juga: Kapolres Majalengka Langsung Ngaroris Jalur Lamping Urug di Jalan Raya Cikijing-Kuningan Blok Cipadung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x