Awal Romadon, Polres Majalengka Bongkar 14 Kasus Narkoba dina Triwulan Kahiji 2024

- 14 Maret 2024, 17:30 WIB
Awal Romadon 1445 H ngungkab 14 kasus narkoba.
Awal Romadon 1445 H ngungkab 14 kasus narkoba. /Ayank/galura.co.id

“Pelaku tindak pidana narkotika jenis sabu bakal dijiret Pasal 114 ayat (1) Jo Pasal 112 ayat (1) UU RI Nomor 35 taun 2009 ngeunaan Narkotika, ku ancaman hukuman pang singgetna 4 taun sarta panglamina 12 taun," ceuk Kasat Narkoba.

Uon-ulon tindak pidana narkotika jenis daun ganja kering bakal dijiret ku Pasal 114 ayat (1) Jo Pasal 111 ayat (1) UU RI Nomor 35 taun 2009, kalayan ancaman hukuman pangsinggetna 4 taun pang lilana 12 taun.

"Ulon-ulon tindak pidana penjualan jeung peredaran obat keras pon kitu deui obat bebas terbatas tanpa izin edar bakal dikeunakeun kana Pasal 435 Jo Pasal 138 UU RI No. 17 taun 2023 ngeunaan Kesehatan, kalayan ancaman hukuman paling lami 12 taun,” ceuk AKBP Indra Novianto.

Kasuksesan ngungkabkeun kasus-kasus narkoba nandeskeun komitmen Polres Majalengka Polda Jabar dina ngaberantas peredaran narkoba di wilayahna.

Hal ieu dilaksanakeun pikeun nyiptakeun lingkungan anu aman tur kondusif keur masarakat. Tarekah pencegahan jeung penindakan tuluy dihangkeutkeun keur nyengker laju sumebarna narkoba dina waktu anu bakal datang.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah