Kapolres Majalengka Ngaluuhan Diistrenanna PCNU Kabupaten Majalengka

- 8 Maret 2024, 08:47 WIB
Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ngaluuhan acara diistrenan PCNU Kabupaten Majalengka masa khidmat 2024-2029 (7/2/2024)..
Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ngaluuhan acara diistrenan PCNU Kabupaten Majalengka masa khidmat 2024-2029 (7/2/2024).. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ngaluuhan acara diistrenana Pengurus Cabang Nahdlatul Ulama (PCNU) Kabupaten Majalengka masa khidmat 2024-2029.

Acara lumangsung di Ponpes Manba’ul Huda Desa Cisambeng, Kecamatan Palasah, Kabupaten Majalengka, Kemis (7/3/2024).

Sababaraha tokoh agama di Kabupaten Majalengka diistrenan jadi pangurus PCNU. Drs. KH. Anwar Sulaiman, M.M.Pd, ngajabat Rais Syuriah PCNU Majalengka; K. Muhammad Umar Sobur, M.Ag, ditetepkeun Ketua Tanfidziyah PCNU Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Kapolres Majalengka Langsung Ngaroris Jalur Lamping Urug di Jalan Raya Cikijing-Kuningan Blok Cipadung

Kotib K. Asep Saepul Kholiq, S. Sos, jeung Sekretaris NU Kabupaten Majalengka, H. Achsanul Fikri Amirudin, M. Ag, oge diistrenan masa khidmat 2024-2029.

Acarana oge diluuhan ku sajumlah tokoh agama katut pejabat pemerintah satempat, kaasup Ketua PBNU, KH. Mashuri Malik, Rois PWNU, Prof. DR. KH. Abun Bunyamin, M.A, sarta ketua PWNU Jabar, Dr. K.H. Juhadi Muhamad, S.H.

Salian ti eta, Pejabat Utama Polres Majalengka, Kapolsek Palasah IPTU Heru Samsul Bahri, S.E., M.M., Danramil Sumberjaya/Palasah Kapten Inf. Iyus Ibnu Khazar, Sekda Kabupaten Majalengka Drs. H. Eman Suherman, MM., jeung sajumlah pejabat lianna.

Nalika dikonfirmasi, Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, ngawilujengkeun ka pengurus PCNU anu anyar diistrenan. Inyana  umajak sakumna elemen masarakat keur tuluy sinergi dina ngawangun harmoni jeung katrengteman di Kabupaten Majalengka.

"Ngadegna PCNU kawilang penting dina ngamumule sareng ngaronjatkeun kerukunan umat beragama. Hayu sasarengan urang ngajagi kautuhan oge karukunan di lebet perbedaan," ceuk Kapolres.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah