Kapolres Majalengka Mastikeun di Kabupaten Majalengka Rekapitulasi Pemilu 2024 Lumangsung Lungsur-Langsar

- 4 Maret 2024, 12:30 WIB
Kapolres Majalengka ngaroris rapat hasil Pemilu 2024 keur mastikeun rapat pleno lumangsung lancar.
Kapolres Majalengka ngaroris rapat hasil Pemilu 2024 keur mastikeun rapat pleno lumangsung lancar. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ngaroris sacara langsung proses rekapitulasi Pemilu 2024 di tingkat Kabupaten Majalengka nu digelar ku KPU Majalengka di Hotel Putra Jaya.

Ti mimiti tahapan Pemilu 2024, Kapolres Indra Novianto geus aub mastikeun kaamanan tur kalancaran palaksanaan proses demokrasi. Ceuk Kapolres Indra Novianto sugema kana situasi kondusif anu kajaga kalayan hade salila tahapan pemilu.

"Tina tahapan awal dugi proses rekapitulasi tingkat kabupaten, situasi di wilayah hukum Polres Majalengka tetep kondusif. Sakumna tahapan lumangsung kalayan aman tur lancar," ceuk Kapolres Indra Novianto, Ahad (3/3/2024) peuting.

Baca Juga: Kapolres Majalengka Mingpin Apel Gelar Pasukan Operasi Keselamatan Lodaya-2024

Rapat Pleno Terbuka anu jadi fokus panalingaan Kapolres Indra Novianto dipingpin ku Kabag Ops Polres Majalengka, Kompol Jaja Gardaja, bareng jeung Pejabat Utama Polres Majalengka katut personel lianna.

Kalayan pangamanan anu rekep, Kapolres Indra Novianto mastikeun sakumna aspek kaamanan kacumponan tepi ka proses rekapitulasi Pemilu 2024 lumangsung aman.

"Pangamanan Rapat Pleno rekapitulasi hasil penghitungan suara Pemilu 2024 di tingkat Kabupaten Majalengka komitmenna kapulisian kangge ngajagi situasi kaamanan sareng katartiban masarakat," ceuk Kapolres Indra Novianto.

Kapolres Indra Novianto oge negaskeun ka sakumna personel sangkan ngalaksanakeun tugas kalayan pinuh tanggung jawab jeung professional. Dipiharep bisa mastikeun proses Pemilu 2024 lumangsung kalayan aman, lancar, tur kondusif saluyu jeung prinsip demokrasi.

Baca Juga: Kapolres Majalengka, Ngaroris Proses Rekapitulasi Penghitungan Soara Pemilu 2024 di Kabupaten Majalengka

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x