Kapolres Majalengka, Ngaroris Proses Rekapitulasi Penghitungan Soara Pemilu 2024 di Kabupaten Majalengka

- 2 Maret 2024, 19:30 WIB
AKBP Indra Novianto, S.I.K.,M.Si.,CPHR., turun langsung ngaroris Rekapitulasi Penghitungan Suara Pemilu 2024 di Aula Hotel Putra Jaya, Kabupaten Majalengka, Saptu (02/03/2024).
AKBP Indra Novianto, S.I.K.,M.Si.,CPHR., turun langsung ngaroris Rekapitulasi Penghitungan Suara Pemilu 2024 di Aula Hotel Putra Jaya, Kabupaten Majalengka, Saptu (02/03/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto, S.I.K.,M.Si.,CPHR., turun langsung ngaroris Rekapitulasi Penghitungan Suara Pemilu 2024 di Aula Hotel Putra Jaya, Kabupaten Majalengka, Saptu (02/03/2024).

Tumorjogna Kapolres dina Rekapitulasi Penghitungan Suara Pemilu 2024 tujuanna keur mastikeun kaamanan tur kalancaran tahapan Pemilu 2024 di wilayah Kabupaten Majalengka.

Kapolres, ngacek kasiapan jeung ngajamin kaamanan rapat pleno rekapitulasi penghitungan soara tingkat Kabupaten. Kapolres AKBP Indra Novianto nalingaan sakumna personel anu keur mancen tugas ngajaga kaamanan.

Baca Juga: Kapolres Majalengka Ngaluuhan Rapat Pleno Rekapitulasi Hasil Penghitungan Soara Pemilu 2024 di KPU Kabupaten M

"Monitoring kangge nangtoskeun kaamanan sarta kasiapsiagaan personel sangkan n rapat pleno rekapitulasi penghitungan suara di tingkat Kabupaten Majalengka lumangsung kalayan aman tur lancar," ceuk Kapolres.

Kapolres nandeskeun personel anu standby di lokasi rapat pleno boga tanggung jawab ngajaga kaamanan sangkan tetep kondusif. Inyana oge cumeluk ka sakumna personel sangkan ngalaporkeun sacara langsung nalika aya kajadian anu teu biasa tur panas.

"Ulah dugi ka balangah, antisipasi nalika aya kaributan," ceuk Kapolres AKBP Indra Novianto. Kapolres neyelakeun komitmenna keur tuluy ngawal jeung ngamankeun sakumna runtuyan Pemilu 2024.

"Kangge nangtoskeun kaamanan proses rekapitulasi, bakal teras dikawal, dipiharep pleno tiasa lumangsung aman tur lungsur-langsar," ceuk Indra Novianto.

Kapolres Majalengka miharep proses rekapitulasi penghitungan soara, khususna di wilayah Kabupaten Majalengka, bisa lumangsung kalayan aman, lancar, tur kondusif nepi ka rengse

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah