Aya Naon Kapolres Majalengka Ngadongdon Kantor KPUD Majalengka?

- 27 Februari 2024, 18:00 WIB
Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ngadongdon KPUD Majalengka, Salasa (27/02/2024)
Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ngadongdon KPUD Majalengka, Salasa (27/02/2024) /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Rengse Pemilu 2024 anu lumangsung lungsur langsar, Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., nuluykeun kawaspadaan ku ngalaksanakeun kagiatan pangecekan di KPUD Kabupaten Majalengka, Salasa (27/02/2024) di Jalan Gerakan Koperasi No.18, Majalengka Wetan, Kecamatan. Majalengka.

Kantor KPUD Majalengka jadi fokus pengecekan keur mastikeun kalancaran tahap pascapemilu. Kapolres dibarengan ku sakumna Pejabat Utama Polres Majalengka, tujuanna keur ngukur tur nitenan kondisi rengse panutupan proses demokrasi.

Kapolres ngapresiasi ka KPUD Majalengka kana suksesna panyalagraan Pemilu 2024 di Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Kapolres Majalengka: Hatur Nuhun, Pemilu 2024 Lumangsung Lungsur-Langsar

"Sim kuring ngahatur nuhunkeun tur ngapresiasi anu sageung-ageungna ka KPUD Majalengka sarta ka sakumna unsur. Pemilu tos lumangsung kalayan aman sareng tartib," ceuk Kapolres Indra Novianto.

Kapolres oge ngaguar informasi ngeunaan tangtangan atawa pasualan anu kamungkinan tembong pasca-pemilu. Kapulisian ngalakukeun lengkah preventif keur mastikeun situasi tetep kondusif jeung bisa sagancangna diungkulan nalika aya pasualan.

Sakumna pejabat utama anu aub dina pengecekan ngarojong jeung komitmen keur ngajaga kaamanan tur katartiban di Kabupaten Majalengka.

Arinyana dialog jeung pihak KPUD Majalengka keur ngabahas lengkah-lengkah kolaboratif ka hareup enggoning ngaronjatkeun kualitas panyalagraan pemilihan umum di mangsa kahareupna.

Ku ayana kagiatan pengecekan pasca-pemilu, Kapolres Majalengka nandeskeun deui komitmen Polres Majalengka dina ngajaga kaamanan jeung ngarojong proses demokrasi anu sehat di wilayah hukumna.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah