Sat Samapta Polres Majalengka Gelar Patroli ka KPU jeung Bawaslu keur Jaga Kondusivitas Kamtibmas

- 16 Maret 2024, 10:00 WIB
Sat Samapta Polres Majalengka Polda Jabar patroli ka KPU jeung Bawaslu Kabupaten Majalengka, Jumaah (15/03/2024).
Sat Samapta Polres Majalengka Polda Jabar patroli ka KPU jeung Bawaslu Kabupaten Majalengka, Jumaah (15/03/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Tarekah ngajaga kondusivitas kaamanan jeung ketertiban masyarakat (kamtibmas), Satuan Samapta (Sat Samapta) Polres Majalengka Polda Jabar patroli ka KPU jeung Bawaslu Kabupaten Majalengka, Jumaah (15/3/2024).

Ieu kagiatan dipingpin ku Kanit Turjawali, Ipda Ato Rusdianto, S.H., katut anggota, sarta dilaksanakeun dina raraga Operasi Mantap Brata 2024.

Patroli ieu teh bageann tina tarekah Polres Majalengka keur ngamankeun tur mastikeun kalancaran proses palaksanaan pemilu sarta ngajaga kondusifitas kamtibmas di wilayahna.

Baca Juga: Awal Romadon, Polres Majalengka Bongkar 14 Kasus Narkoba dina Triwulan Kahiji 2024

Ku tumorojogna ka KPU jeung Bawaslu, pulisi bisa ngaroris langsung situasi di eta dua lembaga  sarta ngarojong dina ngalaksanakeun tugasna.

Ceuj Ipda Ato Rusdianto, S.H., ayana polisi di sabudeureun lembaga panyalagra pemilu  mibanda tujuan keur nyinglar  kajadian gangguan kaamanan sarta mastikeun proses pemilu lumangsung kalayan lungsur-langsar jeung aman.

"Pulisi komitmen kangge masihan panangtayungan sarta ngajamin kaamanan sakumna proses pemilu di Kabupaten Majalengka," ceuk Ipda Ato Rusdianto..

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ditepikeun ku Kasat Samapta Polres Majalengka AKP Adam Rohmat Hidayat, S.H., M.H., netelakeun pentingna kagiatan patroli dina ngajaga stabilitas kamtibmas salula pemilu.

"Simkuring katut rengrengan kapulisian bakal teras ngalaksanakeun lengkah-lengkah preventif tur responsif guna nangtoskeun kaamanan sareng katartiban masarakat kajagi kalayan hade" ceuk AKP Adam Rohmat Hidayat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x