Polsek Maja Polres Majalengka Umajak Siswa Ngajaga Kamtibmas di Bulan Romadon

- 18 Maret 2024, 16:00 WIB
Sakumna siswa ku Polsek Maja diajak aub dina ngajaga katartiban jeung kaamanan.
Sakumna siswa ku Polsek Maja diajak aub dina ngajaga katartiban jeung kaamanan. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bripka Sahabudin, Kanit Binmas Polsek Maja Polres Majalengka Polda Jabar, di Bulan Suci Romadon umajak sakumna siswa sangkan babarengan ngajaga situasi kamtibmas tur teu perang sarung, Senen (18/3/2024).

Dina riungan anu diayakeun di hiji sakola, Bripka Sahabudin neueulkeun pentingna ngajaga kaamanan tur katartiban, kaasup dina Bulan Suci Romadon.

Inyanna oge netelakeun sangkan sakumna siswa tina tindakan anu bisa ngaganggu katrengteman, saperti perang sarung anu mindeng kajadian di kalangan rumaja.

Baca Juga: Sat Samapta Polres Majalengka Gelar Patroli ka KPU jeung Bawaslu keur Jaga Kondusivitas Kamtibmas

"Urang sadaya kedah sasarengan ngajaga situasi kamtibmas, kalebet dina bulan Romadon anu pinuh barokah. Simkuring umajak ka sakumna siswa teu kalibet dina perang sarung  sareng tindakan sanesna anu tiasa ngabalukarkeun kaributan sareng pagetreng," ceuk Bripka Sahabudin.

Dina kasempatan anu sarua, Bripka Sahabudin oge cumeluk ngeunaan pentingna ngajaga kaberesihan lingkungan, ngajenan sasama, jeung nyinglar tina kalakuan negatif lianna anu bisa ngarugikeun diri sorangan jeung anu sejenna.

Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ditepikeun ku Kapolsek Maja AKP Kenedy Joko Lelono, mapag hade inisiatif  Kanit Binmas Polsek Maja.

Inyana netelakeun aubna sakumna siswa dina ngajaga kamtibmas kawilang penting keur nyiptakeun lingkungan anu aman tur kondusif.

"Simkuring miharep supados c anu didugikeun ku Bripka Sahabudin tiasa ditampi oge diimplementasikeun kalayan hade ku sakumna siswa. Pamugi  tiasa ngaronjatkeun kasadaran pentingna ngajaga kaamanan tur katartiban," ceuk Kapolsek Maja.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x