Tim Itwasda Polda Jabar Gelar Kagiatan Pengawasan Operasi 'Pekat I Lodaya 2024' di Polres Majalengka

- 27 Maret 2024, 15:19 WIB
Tim Itwasda (Inspektorat Wilayah Khusus Daerah) Polda Jawa Barat ngalaksanakeun kagiatan waspada operasi "Pekat I Lodaya 2024" di Polres Majalengka (Salasa, 26/03/2024)..
Tim Itwasda (Inspektorat Wilayah Khusus Daerah) Polda Jawa Barat ngalaksanakeun kagiatan waspada operasi "Pekat I Lodaya 2024" di Polres Majalengka (Salasa, 26/03/2024).. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Tim Itwasda (Inspektorat Wilayah Khusus Daerah) Polda Jawa Barat ngalaksanakeun kagiatan waspada operasi "Pekat I Lodaya 2024" di Polres Majalengka.

Ieu kagiatan bagian ti runtuyan pengawasan operasi "Pekat Lodaya 2024" anu ngalibetkeun sababaraha Polres di wilayah Jawa Barat, kaasup Polres Majalengka. Kagiatan lumangsung, Salasa (26/03/2024).

Kagiatan pengawasan dipingpin ku Kombes Pol Rudy Purnomo, S.I.K., M.H., dibarengan ku tim Itwasda Polda Jabar. Ngalaksankeun evaluasi katut pengawasan operasi "Pekat Lodaya 2024" anu keur lumangsung di Polres Majalengka, Polres Sumedang, Polres Indramayu, Polresta Cirebon, Polres Cirebon Kota, jeung Polres Kuningan.

Baca Juga: Sinergi Ngajaga Kamtibmas di Bulan Romadon, Sat Samapta Polres Majalengka jeung TNI Turun ka Lapangan

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ditepikeun ku Kabag Ops Polres Majalengka, Kompol Jaja Gardaja, mapag hade tumorojogna tim Itwasda Polda.

"Kagiatan pengawasan kawilng penting kangge nangtoskeun operasi anu nuju lumangsung saluyu sareng prosedur sareng tujuanana. Simkuring katut jajaran ngapresiasi  tim Itwasda Polda Jabar dina mastikeun kalancaran operasi 'Pekat Lodaya 2024'," ceuk Kompol Jaja Gardaja.

Pengawasan operasi dilaksanakeun pikeun mastikeun yen satiap kagiatan operasional anu dilaksanakeun ku Polres di Jawa Barat lumangsung kalayan tartib, efisien, efektif luyu jeung prosedur anu geus ditetepkan.

"Hal ieu mibanda tujuan kangge ngaronjatkeun kinerja Polri dina ngajagi kaamanan sareng katartiban masarakat di sakumna wilayah Jawa Barat, kalebet di Kabupaten Majalengka," ceuk Kabag Ops Polres Majalengka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x