Dandim 0617/Majalengka Ngaluuhan Apel Gelar Pasukan Operasi Ketupat Lodaya Taun 2024 Tingkat Polres Majalengka

- 4 April 2024, 09:00 WIB
Dandim 0617 Majalengka ngaluuhan apel siaga operasi ketupat Lodaya 2024 (03/04/2024).
Dandim 0617 Majalengka ngaluuhan apel siaga operasi ketupat Lodaya 2024 (03/04/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ngaluuhan apel gelar pasukan Operasi Ketupat Lodaya Taun 2024 tingkat Polres Majalengka, tempatna di Lapangan Upacara Polres Majalengka, Jalan KH Abdul Halim No. 518, Kelurahan Cigasong, Kecamatan Cigasong, Kabupaten Majalengka, Rebo (03/04/2024).

Kagiatan diluuhan ku Pj. Bupati Majalengka, Sekda Kab. Majalengka, Dandim 0617/Majalengka, Kapolres Majalengka, Kajari Majalengka, Dansatpom Lanud S Sukani, Dansub Denpom III/3-5 Majalengka, Perwakilan Pengadilan Negeri Majalengka, Kepala Kementrian Agama Kab. Majalengka, Kadishub Kab. Majalengka, Kasat Pol PP Kab. Majalengka, Perwakilan BPBD Kab. Majalengka, Kepala Dinas Kesehatan Kab. Majalengka, Perwakilan Avsec AP II BIJB Kertajati, Ketua FKUB Majalengka, Jajaran Perwira katut Kapolsek sa-Polres Majalengka.

Baca Juga: Dandim Mingpin Acara Korps Kenaikan Pangkat Prajurit Kodim 0617/Majalengka Periode 1 April 2024

Kagiatan Apel Gelar Pasukan Operasi Ketupat Lodaya taun 2024 tingkat Polres Majalengka dina raraga pangamanan Idul Fitri 1445H taun 2024 tingkat Kabupaten Majalengka.

Amanat Kapolri anu dibacakeun ku Pembina Apel: apel gelar pasukan dilaksanakeu bukti pangecekan ahir dina raraga pangamanan Idul Fitri 1445 H anu mangrupakeun komitmen nyata TNI-Polri bareng jeung pihak sejen.

Kapolri nyebutkeun, dina mudik lebaran taun 2024 jumlah nu mudik diperkirakan 193,6 juta urang, ngaronjat 56,4 % ti taun memehna. Patalina jeung hal eta presiden RI geus nyebutkeun taun ieu mangrupakeun mudik anu kawilang badag kalayan kanaekan sajumlah 56% ti taun ka tukang.

Nalika ditepungan rengse kagiatan, Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., mastikeun, TNI dina hal ieu Kodim 0617/Majalengka siap sinergi jeung Polres Majalengka katut stakeholder, dina  Operasi Ketupat Lodaya taun 2024.

"Kodim 0617/Majalengka siap dina raraga rangka masihan pangamanan, kangge ngawujudkeun situasi kamtibmas anu langkung kondusif dina  Idul Fitri 1445 H hususna di wilayah Kabupaten Majalengka," ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto. *** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x