Bari Ngadagoan Buka Puasa, Dandim 0617/Majalengka Ngabagikeun Tajil

- 27 Maret 2024, 14:36 WIB
Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., katut unsur Forkopimda Majalengka ngabagikeun tajil ka anu ngaliwat di hareupeun Masjid Al Hikmah Desa Jatitujuh, Kecamatan Jatitujuh, Kabupaten Majalengka, Salasa (26/03/2024) sore.
Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., katut unsur Forkopimda Majalengka ngabagikeun tajil ka anu ngaliwat di hareupeun Masjid Al Hikmah Desa Jatitujuh, Kecamatan Jatitujuh, Kabupaten Majalengka, Salasa (26/03/2024) sore. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Ngadago buka puasa Romadon, Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., katut unsur Forkopimda Majalengka ngabagikeun tajil ka anu ngaliwat di hareupeun Masjid Al Hikmah Desa Jatitujuh, Kecamatan Jatitujuh, Kabupaten Majalengka, Salasa (26/03/2024) sore.

Diluuhan ku Sekda Kabupaten Majalengka, Dandim 0617/Majalengka, Staf Ahli Bupati Bidang Kemasyarakatan dan SDM, Kadis Disduk Capil Kab. Majalengka, Sekdis LH Kab Majalengka, Kadis DP3AKB Kab. Majalengka, Kadinsos Majalengka, Sekdis KP3 Kabupaten Majalengka, Kadis K2UKM Kab. Majalengka.

Sekdis Perdagangan dan Perindustrian, Direktur RS Majalengka, Staf Sekretariat BAZNAS Kab Majalengka, Muspika Jatitujuh, Kepala UPTD Se-Kecamatan Jatitujuh, Kepala SD Se-Kecamatan Jatitujuh, Toga jeung tomas masarakat Kecamatan Jatitujuh.

Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., nyebutkeun ieu kagiatan mibanda hikmah jeung ma'na anu kawilang luar biasa.

"Ngabagikeun tajil ka warga anu ngalangkung ka payeuneun Masjid Al Hikmah, salian buktos kagiatan teritorial oge dina tarekah langkung ngaraketkeun silaturahmi antawis Forkopimda Majalengka sareng warga," ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x