Dandim Pimpin Acara Pelepasan Pindah Satuan Kasdim 0617/Majalengka

- 23 Maret 2024, 08:31 WIB
Mayor Inf Yayat Nurhidayat nu pindah kesatuan nampa pangbagea Dandim 0617 Majalengka (21/03/2024).
Mayor Inf Yayat Nurhidayat nu pindah kesatuan nampa pangbagea Dandim 0617 Majalengka (21/03/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID – Dina suasana ibadah puasa di Bulan Romadon, Kodim 0617/Majalengka ngalaksanakeun acara pelepasan pindah satuan Kasdim 0617/Majalengka, anu dipingpin langsung Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., tempatna di Ruang Lobby Makodim, Jalan KH Abdul Halim No. 403 Kelurahan Tonjong, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Kemis (21/3/2024).

Mitembeyan dina amanatna Dandim umajak ka sakumna pamilon acara pikeun syukuran ka Allah SWT, lantaran ku rahmat jeung ridho-Na dina poe ieu masih dibere kasehatan jeung kakuatan keur ngalaksanakeun acara pelepasan pindah satuan Kasdim 0617/Majalengka.

Satuluyna, Dandim sacara pribadi jeung kalayan asma  Komando ngawilujengkeun ka Mayor Inf Yayat Nurhidayat anu bakal mancen tugas di satuan anyarna di Dandenma Korem 064/Maulana Yusuf.

Baca Juga: Kapoksahli Pangdam III/Siliwangi Sacara Resmi Nutup Kagiatan TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka

"Hiji hal penting anu kedah paham tur sadar,  jabatan teh kahormatan jeung kapercantenan anu kedah ditampi kalayan rasa syukur".

"Laksanakeun ieu amanah  kalayan hade, tingalikeun prestasi, dedikasi, loyalitas, moralitas tur pangabdian anu luhung sarta janten motivasi kangge soson-soson dina ngalaksanakeun pancen," ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto.

Mungkas amanatna, Dandim nyebutkeun, sacara pribadi anjeunna katut garwana tur kulawarga besar Kodim 0617/Majalengka nuhunkeun dihapunten.

"Wilujeng angkat oge hatur nuhun anu saageung-ageungna ka Mayor Inf Yayat Nurhidayat, kana dedikasi tur pangabdian anu ihlas salami ngalaksanakeun tugas di Kodim 0617/Majalengka, pamugi Allah SWT ngabales amal hade tur pahala anu manglipet-lipet," ceuk Dandim 0617/Majalengka.

Dina acara pelepasan pindah satuan Kasdim 0617/Majalengka ditangaraan ku masrahkeun cinderamata katut layang pangajen ti Dandim 0617/Majalengka sarta cinderamata ti perwira pangseniorna*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x