Wabup Muka Muscab HIPMI Majalengka, Resha Fauzi Zulfikar, ST Kapilih jadi Ketua Anyar

- 28 Oktober 2023, 09:57 WIB
Muscab BPC HIPMI Kabupaten Majalengka, Resha Fauzi Zulfikar, S.T., kapilih sacara aklamasi jadi Ketua  HIPMI Kabupaten Majalengka periode 2023-2026.
Muscab BPC HIPMI Kabupaten Majalengka, Resha Fauzi Zulfikar, S.T., kapilih sacara aklamasi jadi Ketua HIPMI Kabupaten Majalengka periode 2023-2026. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Kapolres Majalengka Polda Jabar AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si.,CPHR, ngaluuhan pangogan Musyawarah Cabang  Badan Pengurus Cabang Himpunan Pengusaha Muda Indonesia (Muscab BPC HIPMI) Kabupaten Majalengka.

Muscab BPC HIPMI Kabupaten Majalengka lumangsung di Hotel Fieris, Kertajati, Majalengka, Kemis (26/10/2023). Kapolres Majalengka dibarengan ku pejabat utama Polres Majalengka.

Muscab BPC HIPMI Kabupaten Majalengka jadi kandaga keur paguneman jeung gempungan ngeunaan sababaraha hal ngeunaan  pangusaha ngora sarta kamotekaran paekonomian di Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Kasang Tukang Muhaimin Jadi Balon Wapres Anies Kawas Cai Ngamalir

Muscab BPC HIPMI Kabupaten Majalengka diluuhan ku sababaraha pihak, kaasup Wakil Bupati Majalengka, Tarsono D. Mardiana, nu muka Muscab HIPMI.

Kapolres Majalengka mapag kalayan hade Muscab BPC HIMPI Kabupaten Majalengka. Inyana  netelakeun komitmen kapulisian pikeun ngarojong kamotekaran pangusaha ngora di Kabupaten Majalengka.

Ngaluuhanana Kapolres Majalengka dina ieu acara  wujud ti sinergi antara Polres Majalengka jeung sababaraha elemen masarakat dina ngarojong kamajuan ekonomi jeung usaha di Kabupaten Majalengka.

"Riungan ieu janten momen penting kangge ngawangun hubungan nu raket antawis kapulisian sareng pangusaha ngora, sakaligus ngaraketkeun kolaborasi dina nyiptakeun lingkungan usaha nu kondusif tur ngarojong kamotekaran ekonomi daerah," ceuk Kapolres.

Muscab BPC HIPMI dipiharep bisa ngahasilkeun sababaraha gagasan konstruktif nu ngarojong tumuwuhna pangusaha ngora jeung kamotekaran ekonomi di Kabupaten Majalengka.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x