Baca Juga: Harepan Muhaimin Marengan Anies di Pilpres 2024 Disaluyuan ku PKS Tinekanan
Kapolres Majalengka jeung Polres Majalengka komitmen pikeun ngarojong aktif dina kamajuan paekonomian di wilayah Kabupaten Majalengka.
Dina Muscab BPC HIPMI Kabupaten Majalengka, Resha Fauzi Zulfikar, S.T., kapilih sacara aklamasi jadi Ketua HIPMI Kabupaten Majalengka periode 2023-2026.
Wakil Bupati Majalengka Tarsono D. Mardiana, nyebutkeun Kabupaten Majalengka kiwari kawasan nu strategis dina tumuwuhna industri jeung ekonomi.
"Naon nu dipidamel kangge ngawangun ekonomi di Majalengka sarta tumuwuhna ekonomi, ieu buktos kolaborasi antawis Pemkab katut dunya usaha, masarakat tiasa ngaraoskeun," ceuk Wabup Tarsono.
Wabup miharep kapangurusan HIPMI kahareup bener-bener bisa nembongkeun energi positif sangkan mere mangpaat ka dunya usaha sakaligus ka masarakat.
"UKM kudu dibina, sangkan ayana HIPMI, jadi kabutuhan pikeun pengusaha katut umum nu perelu bantuan," pokna.
Muhamad Afzal nyebutkeun Muscab HIPMI Kabupaten Majalengka jejerna "Sinergitas HIPMI dalam mendorong Potensi Ekonomi Baru".
Muscab nu diluuhan ku HIMPI Jawa Barat geus nyumponan AD/ART, pamilonna 52 anggota HIPMI nu mibnda hak pilih.