Pisah Sambut Komandan Kodim 0617 Majalengka

- 4 Desember 2023, 18:12 WIB
pisah sambut Dandim 0617 Majalengka ti Letkol Inf. Danang Biantoro ka Letkol Inf. Dudy Pilianto digelar di Kodim Z0617 Majalengka (30/11/2023).
pisah sambut Dandim 0617 Majalengka ti Letkol Inf. Danang Biantoro ka Letkol Inf. Dudy Pilianto digelar di Kodim Z0617 Majalengka (30/11/2023). /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Prosesi pisah sambut Dandim 0617 Majalengka ti Letkol Inf. Danang Biantoro ka Letkol Inf. Dudy Pilianto digelar di Kodim 0617 Majalengka, Jalan KH. Abdul Halim No 403, Kelurahan Tonjong, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Kemis (30/11/2023).

Pisah sambut Dandim Majalengka 0617 diluuhan ku Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, Bupati Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.M.Pd, sarta pejabat  katut tamu ondangan lianna.

Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ngaapresiasi tur ngahatur nuhunkeun ka Letkol Inf. Danang Biantoro kana kontribusina dina ngajaga kaamanan jeung katartiban di wilayah Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Disdik Majalengka Masrahkeun Hadiah keur Siswa Juara FTBI Jawa Barat, nu Narimana Diwakilan ku Guruna

"Simkuring ngahaturnuhunkeun ka Letkol Inf. Danang Biantoro nu parantos didamel kalayan hade tur maparinan kontribusi positif dina ngajagi kaamanan di wilayah Majalengka. Wilujeng mancen tugas di tempat nu enggal," ceuk Kapolres Majalengka.

Kapolres Majalengka ngabageakeun Letkol Inf. Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., nu  jadi Komandan Kodim 0617 Majalengka. Inyana  miharep kapamingpinan  Letkol Inf. Dudy Pilianto, bisa mere kontribusi positif din ngajaga stabilitas kaamanan di Kabupaten Majalengka.

"Wilujeng sumping kangge Letkol Inf. Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P. Pamugi kapamingpinan nu enggal ieu tiasa maparinan kontribusi positif dina ngajagi stabilitas kaamanan di Kabupaten Majalengka," ceuk Kapolres Majalengka.

Bupati Majalengka oge ngaapresiasi kana dedikasi Letkol Inf. Danang Biantoro salila mancen tugas di Kabupaten Majalengka.

"Simkuring kalayan asama pamarentah daerah katut masarakat, ngaapresiasi nu saageung-ageungna kana dedikasi Letkol Inf. Danang Biantoro pikeun Kabupaten Majalengka" ceuk Bupati Majalengka.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah