Pokalna Maya Berlin. SMPN 1 Majalengka Milmkeum Kaarifan Lokal

- 27 November 2023, 08:00 WIB
Maya Berlin (kadua ti kenca) jeung siswa SMPN 1 Majalengka keur nyieun film pendek. Ngahontal juara kahiji dina Festival Film Pendok Folklor.
Maya Berlin (kadua ti kenca) jeung siswa SMPN 1 Majalengka keur nyieun film pendek. Ngahontal juara kahiji dina Festival Film Pendok Folklor. /Ayank /galura.co.id


GALURA.CO.ID -Ku pokalna Maya Berlin, guru seni rupa SMPN 1 Majalengka, siswa SMPN 1 Majalengka jadi hudang kreatifitasna dina karya keratif, lebah dieu dina nyieun film pendek jeung film dokumenter. Ngahonatl prestasi nu dipikareueuseun.

Maya Berlin, guru seni rupa SMPN 1 Majalengka nu oge salah saurang pangurus Perupa Majalengka (PEKA), mibanda lengkah mandiri dina mieling Hari Guru Nasional, 25 November, nu taun ayeuna jejerna: “Bergerak Bersama Merdeka Belajar”. Maya leuwih motekarkeun potensi kaarifan lokal nu aya di Kabupaten Majalengka.

“Guru sareng sakumna siswa sasarengan ngawanohkeun sareng nanjeurkeun kaarifan lokal nu janten identitas unik Kabupaten Majalengka. Ieu kawilng penting dilaksankeun supados ajen-inajen budaya di masarakat Majalengka tetep hirup sareng bisa dirasakeun ku generasi kapayunna”.,” ceuk Maya Berlin.

Baca Juga: Reuni Alumni SMPN Ciawi, Leuwih Mageuhan Jaringan jeung Silaturahmi

Maya Berlin umajak ka sakumna murid ti sababaraha sakola pikeun nembangkeun lagu ciptaan Maya Berlin anu jejerna tempat wisata di Majalengka. Lagu-laguna teh Panyaweuyan, Batu Nyongclo, Cikadongdong, Situ Cipanten, Situ Cipeuteuy, jeung Paralayang. Anu ayeuna masih dikeureuyeuh teh Curug Ibun Pelangi, Situ Janawi jeung Ciboer

Tujuan ngarilis lagu-lagu bieu teh diantarana pikeun ngamumule basa Sunda sarta ngawanohkeun wisata nu aya di Kabupaten Majalengka. “Murangkalih anu tos diajak nembang Sunda nyaeta ti SMPN 1 Majalengka, SMPN 1 Panyingkiran, SMPN 1 Kadipaten, SMAN 1 Majalengka, SMAN 2 Majalengka, SMKN 1 Kadipaten sareng SMK Palasah,” ceuk Maya.

Maya Berlin bareng siswana nyangking juara 1 Festival Film Pendek Folklore Majalengka 2023. Ieu kagiatan digelar ku Kementerian Pendidikan, Kebudayaan, Riset dan Teknologi - Direktorat Perfilman, Musik, dan Media rempug gawe jeung Kabupaten Majalengka katut Komunitas Cinta Film Indonesia (KCFI).

Festival Film Pendek Folklore digelar pikeun mieling Hari Film Nasional tanggal 30 Maret 2023, sababaraha waktu ka tukang. “Siswa SMP Negeri 1 Majalengka nu nyangking peran dina film eta, Rizki Purnama Jatnika (janten Kancil), Fadli Nalar Nur (janten Monyet), Fiantika Denias Kafka (prolog), oge Regina Noviana (peran pembantu),” ceuk Maya.

Baca Juga: Job Fair di SMK Pertiwi Kuningan, Nepungkeun Calon Pagawe Jeung Pangusaha

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x