Reuni Alumni SMPN Ciawi, Leuwih Mageuhan Jaringan jeung Silaturahmi

- 27 November 2023, 07:02 WIB
Alumni SMP Negeri Ciawi, angkatan 1982, kelas Ahad (26/11/2023) reuni di Madrasah Islam, Jalan Kaum Tengah, Ciawi, Tasikmalaya.
Alumni SMP Negeri Ciawi, angkatan 1982, kelas Ahad (26/11/2023) reuni di Madrasah Islam, Jalan Kaum Tengah, Ciawi, Tasikmalaya. /Cecep KS/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Sanajan nu ngaluuhanana teu gembleng, kurang leuwih 35 urang, husus alumni SMP Negeri Ciawi, angkatan 1982, husus kelas A, Ahad (26/11/2023) kumpul ngariung di rohangan Madrasah Islam, Jalan Kaum Tengah, Ciawi, Tasikmalaya. 

Dina tausiahna, Ustad Ana Sopiana, netelakeun, sanajan acarana kawilang basajan, reuni alumni kelas A, jadi conto nu nyata, pageuhna silaturahim di antara para murid, murid jeung guru.

"Peupeujeuh, ieu reuni, tradisi acara nu hade, ngaraketkeun silaturahim, numuwuhjeun jeung miara jaringan," pokna.

Koordinator acara, H. Aep Ahdan jeung Hj Tutus Liawatul Munawar, nandeskeun, reuni husus alumni kelas A, baris mayeng saban taun. "Baris jadi tradisi, husus kelas A angkatan 1982, mayeng diayakeun saban taun," pokna.

Baca Juga: HKTI Kuningan Nataharkeun Pamuda Tani Motekar, Hanyen Tenggono : Nu Penting Kataji Heula

Dina eta reuni, sakumna alumni kelas A, ngayakeun acara bakti sosial, ngabagikeun dana ti alumni keur 10 budak yatim piatu jeung duit katineung keur para guru.

"Insya Alloh, ka payun acarana baris langkung dironjatkeun, nu teu bisa hadir ayeuna mudah2mudahan taun hareup bisa ngaluuhan acara," cek Hj. Lutfie Fauji, SH.

Ceuk H Aep, bakti sosial ka budak yatim, lian ti shadaqah, tujuan sejen keur ngawarnaan ayana kagiatan reunu. "Bantuan ka para guru nu masih aya, ajenna teu sabaraha dibandingkeun jasana, nu salila taya sudana ngatik ngadidik nu jadi muridna," pokna.

Dina live music, nu diluluguan ku H Dedi Rachmadi, sawatara alumni ngahaleuang lagu lawas jeung dangdutan, sawarehna joget, suka bungah.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x