Nganjangna Syeh Azlan ka Pasantren Zawiyah Darusshufi Garut

- 24 November 2023, 07:00 WIB
Syeh Azlan nganjang ka pasantren Zawiyah Darusshufi Desa Cibunar, Kecamatan Tarogong Kidul, Kabupaten Garut, Jawa Barat, Rebo (22/11/2023).
Syeh Azlan nganjang ka pasantren Zawiyah Darusshufi Desa Cibunar, Kecamatan Tarogong Kidul, Kabupaten Garut, Jawa Barat, Rebo (22/11/2023). /Nelova/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Syeh Abdullah bin Nashir Azlan atawa Syeh Azlan nganjang ka pasantren Zawiyah Darusshufi Desa Cibunar, Kecamatan Tarogong Kidul, Kabupaten Garut, Jawa Barat, Rebo (22/11/2023).

Syeh Azlan teh donatur Yayasan Alemar Wa Tanmiyah, tumorojog langsung ti Qatar ka Garut. Ka pasantrenna,  dibarengan ku Abu Salman, Faisal, jeung Fikri ti Yayasan Alemar Wa Tanmiyah. Dijejeran ku Maman Suparman ti Kemenag Kabupaten Garut.

Syeh Azlan ngadongdon ka pasantren Zawiyah Darusshufi teh udaganana ningali langsung masjid jeung ruang diajar di pasantren Zawiyah Darusshufi anu geus diwangun 21 Séptémber 2023.

Baca Juga: Siswa SD - SMP, 1200 urang, Aub kana Jambore Literasi Leksam Bedas Tingkat Kabupaten Bandung di Rancabali

Ngabagèakeun Syeh Azlan, jamaah minuhan Masjid Darusshufi. Atuh para santrina suhud diajar di ruang pangajian nu pernahna di gigireun masjid.

Dina biantarana Syeh Azlan, gedé harepan masjid dijadikeun tempat ibadah pikeun nyiptakeun jalma anu soleh jeung taqwa. Syeh Azlan miharep masjid salawasna hirup tur pinuh ku kagiatan nu mangpaat.

“Ti ieu masjid, insya Allah urang bakal nyiptakeun jalma-jalma anu soleh," pokna.

Syeh Azlan oge ngelingan masjid téh lain saukur tempat ibadah tapi ogé tempat atikan, ngalegaan pangaweruh jeung wawasan, jeung nyiptakeun hafidz al Qur’an," pokna.

Abah Asep, pingpinan pasantrén Zawiyyah, Darusshufi, dina biantara pangbageana ngedalkeun rasa syukur.

"Henteu aya anu tiasa diucapkeun, iwal ti syukur, ngan ukur do'a urang bakal dikumpulkeun di surga sareng Rosululloh SAW," pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x