Disdik Majalengka Masrahkeun Hadiah keur Siswa Juara FTBI Jawa Barat, nu Narimana Diwakilan ku Guruna

- 4 Desember 2023, 13:38 WIB
Disdik Majalengka masrahkeun hadiah FTBI Tingkat Provinsi Jawa Barat Taun 2023 di Lingkungan Disdik Kabupaten Majalengka, Senen (27/11/23) di salasahiji hotel di Majalengka.
Disdik Majalengka masrahkeun hadiah FTBI Tingkat Provinsi Jawa Barat Taun 2023 di Lingkungan Disdik Kabupaten Majalengka, Senen (27/11/23) di salasahiji hotel di Majalengka. /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Bupati Majalengka Karna Sobahi ngagelar pembinaan Kepala Sakola jeung Guru Penerima Bantuan Sarana Prasarana, Perlengkapan Sakola jeung Masrahkeun Hadiah FTBI Tingkat Provinsi Jawa Barat Taun 2023 di Lingkungan Disdik Kabupaten Majalengka, Senen (27/11/23) di salasahiji hotel di Majalengka.

Tembong ngaluuhan Kadisdik Majalengka Lilis Yuliasih, katut rengrenganana, Ketua MKKS, Ketua K3S, Himpaudi, kepala sekolah dasar, SMP, guru nu narima bantuan sarta siswa-siswi nu jadi juara Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) tingkat Provinsi Jawa Barat.

Bupati Majalengka, ngarojong beuki ngaronjatna kualitas atikan di Kabupaten Majalengka. Di antarana teu reureuh mere bantuan alokasi anggaran tur komitmen pikeun ngamajukeun dunya atikan.

Baca Juga: Amitan

Eta sababna taun 2023 ayeuna, Bupati Majalengka meunang pangleler pangajen ti Kemendikbud Ristek minangka Kepala Daerah Terresponsif jeung mibanda komitmen pikeun ngamajukeun arikan.

Ketua panitia kagiatan Kepala Bidang SMP, Dodo Rukanda, nyebutkeun tujuan ti eta kagiatan teh kahiji nepikeun pamahaman keur sakola nu narima bantuan sarana prasarana.

Eta teh sangkan bantuan bisa ngadeudeul sakola dina proses pembelajaran nu efektif, kreatif tur inovatif sarta maksimal dina ngronjatkeun kualitas pendidikan tingkat PAUD, TK, SD pon kitu deui SMP.

Kadua, ceuk Dodo Rukanda, pikeun mere spirit, sumanget, apresiasi ka sakumna kepala sakola katut guru, nu miluan lomba dina ajang tingkat provinsi taun 2023. Tangtuna wae sangkan ngamotivasi para guru dina proses belajar mengajar (KBM).

Baca Juga: Job Fair di SMK Pertiwi Kuningan, Nepungkeun Calon Pagawe Jeung Pangusaha

"Jumlah nu dongkap dina ieu 506 urang. Kepala sakola nu nampi bantosan jenjang PAUD, TK, sajumlah 12 sakola, SD sajumlah 97 sakola jeung SMP sajumlah 47 sakola. Totalna sadayana 159 sakola," pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x