Carpon Elih Herlina
TROK...trok...trok....”
Kadéngé sora nu ngetrok kaca, ari dirérét sihoréng cakcak, “Kasebelan!” Tungkul deui kana pagawéan. Trok-trok deui, geuning lain cakcak. Panasaran hordéng disérélékeun terus noong ka handap.
Breh, tangtungan hiji lalaki nu kungsi ngeusian haté keur ngajanteng bari nangkeup buket kembang eros bodas jeung nyekel hiji kotak leutik, keur ngawaskeun ka luhur ka lebah kuring. Jirim nu geus heubeul teu témbong, dedegan nu teu hayang katingali deui.
Ti saprak harita, mangsa ieu haté nu keur meujeuhna mangkak ligar, dipiteskeun nepi ka ancur lebur. Manéhna kungsi meruhkeun rasa, kungsi ngagolakkeun asmara, kungsi méré harepan éndah. Manehna kungsi hadir dina mangsa nu pinuh ku wawangi tur mamanis. Kiwari nu nyesa ukur tatu gudawang nu hésé litana.
“Duh, rék nanahaon atuh ari anjeun?” Kutuk gendeng sorangan.
Isukna wanci kitu, manéhna geus aya deui di dinya. Aya rasa karunya, inget sabaraha bulan ka tukang, mangsa kuring masih kénéh aya di lembur, manéhna kungsi datang ka kantor.
“Néng, aya peryogi sakedap, tiasa upami urang ka payun heula.”
“Hapunten, abdi nuju didamel, aya peryogi mah mangga wé di dieu.”
“Asa kirang raos di dieu mah, atuh sanés waktos wé.”