Ti harita kuring meunang pancén pendidikan ka luar kota. Jeung manéhna can kungsi panggih deui, keur mah teu hayang panggih, sok asa kasuat-suat, inget lalakon mangsa kaliwat. Manéhna teureuh ménak, ari kuring cacah kuricakan.
Kulawargana geus ngawiwirang kuring. Manéhna nu ngomongna rék bajoang sangkan kuring ditarima ku kulawargana, geuning teu bisa kukumaha. Ti harita pleng teu béja teu carita ninggalkeun kuring dina kanalangsaan.
Geus saminggu manéhna unggal peuting sok cicing di dinya, handapeun tangkal samoja. Aya kapanasaran, léos deui kana hordéng. Katingali manéhna leumpang lalaunan ngajauhan, rumanggieung. Bet asa watir.
Durugdug turun ti loténg muru panto, terus ka luar. Ngajanteng dina lawang panto ngawaskeun nu miang lapat-lapat beuki jauh. Hayang ngageroan tapi baham kapeungpeukan ku kanyeri masih nyayang dina ati. Disérangkeun nepi ka ngilesna diteureuy petengna peuting.
Isukna réngsé préséntasi aya WA ti dunungan. Eusina pondok tapi matak nyentug kana jajantung. Pikiran teu paruguh. Réwuan pananya pagaliwota dina uteuk.
“Bilih can uninga Pa Firman ngantunkeun tadi wengi.”
Keur méakkeun kapanasaran nga-WA ka Si Budi, sobat kuring nu baheula jadi panglayar kuring jeung manehna. Tétéla cenah manéhna teh gering geus lila, malahan komana ogé geus saminggu. Si Budi ménta dihampura teu kaburu ngabéjaan ti anggalna.
“Ari nu saminggu ieu sok ngajanteng handapeun samoja saha? Moal kapalingan, dedeg pangadegna, keureut beungeutna sanajan ti kajauhan ogé, malahan baju nu dipakéna ogé, apanan baju kameumeut kuring baheula.”
Leng titingalian karonéng. Bruh-bréh panineungan heubeul nu geus leungit narémbongan deui. Peurih, mémang matak peurih, ari ras kana lalakon bihari.
Puguh keuna ku paribasa, waja mah kudu ka waja deui teu meunang nyanding jeung kaléng. Kuring rumasa kaléng mun dipaksa nyandingkeun waja moal kuat, paling gé kalah miley. Manéhna nu jangji moal ningali kana nanaon, geuning bet sulaya, beurat ka kulawarga.