“Naon ieu téh?”
“Duka, abdi gé teu terang, ieu kapendak tina lomarina, nembé kapendak tadi waktos mérésan anggoanana, mangga tampi, ieu aya nami salira.”
Rada kalékéd rék narima téh. Asa teu puguh rasa.
“Mangga Néng tampi, ieu amanat, dosa pami teu didugikeun.” Si akang mairan, semu maksa nitah narima éta kotak.
Kotak ditampanan lalaunan bari leungeun mah ngeleper. Breh katara aya ngaran kuring diukir dina éta kotak. “Kanggo Euis nu Kapiati Salamina.”
Aya nu nyérédét dina haté. Rét ka pamajikan almarhum. Pastina ogé peurih pisan. Da sarua awéwé, kuring bisa ngarasakeun kumaha peurihna ditinggalkeun ku jalma nu dipikacinta.
“Dikonci geuning Téh.”
“Muhun, mung koncina teu kapendak.”
“Cing urang cokel wé.” Si Akang ngasongkeun ide.
Song éta kotak dibikeun ka Si Akang. Teu kungsi lila geus bisa dibuka.