“Néng, ieu téh penting pisan aya patalina almarhum sareng salira, sing hawatos geulis. Peupeuriheun kapungkur Akang rumaos dosa ka salira.”
“Aya patalina sareng abdi, perkawis naon?”
“Muhun, engké di rorompok ngadongéngna, di dieu mah kirang saé.”
Kapanasaran mingkin rohaka. Lanceukna nu baheula sombong kacida, ningali ayeuna mah asa pikawatireun. Si Budi ngaharéwos, nitah ngagugu kana kahayangna, pajarkeun téh karunya.
Nepi ka imahna nu teu jauh ti makam. Barabat wé Si Akang téh ngadongéngkeun kaayaan manéhna sabada dititah megatkeun kuring. Manéhna gering nangtung ngalanglayung, gawéna ngan huleng jentul aya kana genep bulanna. Lanceuk-lanceukna karunyaeun, nya diidinan wé, bisi rék neruskeun lalakon hirup jeung kuring.
Manéhna giak, dadak-sakala cageur. Caritana mah manehna indit ka imah kuring. Hanjakal elat, kuring geus kawin, karék saminggu. Cenah manéhna kacida kuciwana. Aya taunna manéhna ngungun, tapi lila-lila mah bisa palér, pamustunganana kawin jeung wanoja nu geus dirérémokeun ti baheula.
Sabot lanceukna cacarita, pamajikan almarhum ngaléos ka kamar. Balik deui mawa hiji kotak leutik. Song dibikeun ka kuring.
“Ieu kotak kanggo salira.”
“Kanggo abdi?”
“Muhun, ti Kang Firman.”