Tiket karéta geus dibeuli ti saminggu ka tukang. Sajajalan keukeuh hémeng pipikiran. Beungeut manéhna terus ngalangkangan. Siga aya hiji rusiah nu hayang ditepikeun. Atra tina cara manéhna neuteup ka lebah kuring, sanajan anggang teuteupanna asa niruk kana jajantung.
Nepi ka lembur pabeubeurang. Si Budi ngabagéakeun terus ngajakan tajiah ka imahna. Asa bingung, inget lalampahan baheula. Asa peurih sabenerna mah ku talajak maranéhna, mangsa harita nolak kuring sapajodogan pédah teu satata. Geus dijodokeun jeung anak sobatna cenah.
“Ka makam wé atuh Is, pan manéhna téh nyaáheun pisan ka Euis,” ceuk Budi.
“Ah éra, bisi aya dulurna.”
“Moal atuh, pan dimakamkeunana ogé geus ti kamari.”
Indit ka makam dianteur ku Budi jeung Widi, sobat-sobat kuring nu apal lalakon hirup kuring. Teu katahan kuring ngagukguk ceurik, sagala kaheuheul nu salila ieu minuhan dada, sirna sapada harita.
Reres ngadu’a, teu disangka di tukangeun aya nu ngajanteng sababaraha urang. Sung-song ngajak sasalaman. Geuningan dulur-dulurna nu baheula nolak kuring téa.
“Néng Euis mangga linggih heula!”
Lanceuk cikalna ngeukeuhan kudu nyimpang heula.
“Hapunten Pa, abdi rusuh, sanés waktos wé.” Kuring nolak lemes.