Ngadongdon Kalang Pamidangan Andes Cilame Kabupaten Bandung, Dede Yusuf Hayang di Gunung Loba Sarjana

- 3 Desember 2023, 17:50 WIB
Anggota DPR RI, Dede Yusuf Macan Effendi  (tengah) jeung Kepala Desa Cilame Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung, Alo Sobirin (baju bulau), keur nitenan domba di Kalang Panidangan Andes Cilame (3/12/2023)..
Anggota DPR RI, Dede Yusuf Macan Effendi (tengah) jeung Kepala Desa Cilame Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung, Alo Sobirin (baju bulau), keur nitenan domba di Kalang Panidangan Andes Cilame (3/12/2023).. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Wakil Ketua Komosi X DPR RI, Dede Yusuf Macan Effendi nyebutkeun, 1000 beasiswa jang SD, SMP, katut SMA, disalurkeun ka warga Desa Cilame jeung Desa Buninagara, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung, tina program aspirasi dirina.

Sajaba ti kitu, nu geus Dede Yusuf diayak tur dijurung: beasiswa kiuliah jang 10 urang mahasisiwa . "Alhamdiulillah 10 mahasiswa kènging bèasiswa dugi ka sarjana, teu aya pontongan sakedik ogè," pokna 

Para mahasiswa kari kuliah meunang waragad bulalanan. "Nu pangpentingna murangkalihna palay kuliah," ceuk Dede Yusuf satutas ngaluuhan acara Jalan Sehat nu diayakeun Karangtaruna Desa Cilame, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung di Lapangan Pamidangan, Desa Cilame, Ahad, 3 Desember 2023.

Baca Juga: Dialog Capres 2024 jeung PWI, Anies Baswedan: ‘Tong Méré Dahareun ka Buzzer’

Ku ngawujudna aspirasi nu dijalankeun ku Kementerian Pendidikan, Dede Yusuf ngaku ngarasa syukur.

"Ku margi seueur nonoman di gunung-gunung alim neraskeun kuliah, margi alesan biaya atanapi padamelan. Tah, simkuring ngarojong supados di saban desa aya sarjana. Ieu prorogram aspirasi simkuring," pokna.

Acara Jalan Santai nu diiluan 500 urang ti Desa Cilami jeung Desa Buninagara Kecamatan Kutawaringin mah aspirasi Dede Yusuf di Kementerian Pemuda dan Olahraga.

"Jalan Sehat kapanitiaanana ti Karangtaruna. Aya dua manpaat: kagiatan kanggo Karang Taruna sareng  kagiatan olahraga masarakat. Ieu program aspirasi ti simkuring nu saalah sawiosna di widang pemuda sareng olahraga, " ceuk Dede Yusuf.

Baca Juga: Kasang Tukang Muhaimin Jadi Balon Wapres Anies Kawas Cai Ngamalir

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah