Rajaban jeung Mieling Isra Mi'raj, Karna Sobahi Umajak ka Warga Majalengka Nyebarkeun Kahadean

- 8 Februari 2024, 19:24 WIB
H.Karna Sobahi, bupati manten Majalengka.
H.Karna Sobahi, bupati manten Majalengka. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina mieling bulan Rajab jeung Isra Mi'raj, tokoh masarakat pituin Kabupaten Majalengka, Jawa Barat nu aktip dina kagiatan sosial jeung kaagamaan, H Karna Sobahi umajak ka masarakat pikeun  tafakur jeung nyebarkeun kahadean.

H Karna Sobahi nyebutkeun hal eta nalika ngaluuhan kagiatan mieling Rajaban jeung Isra Mi'raj di Desa Malausma, Kabupaten Majalengka bareng warga katut sakumna tokoh masarakat sabudeureunana.

"Rajab teh salasawios ti opat bulan suci dina kalender Islam nu diajenan ku margi kamuliaanana," ceuk Karna Sobahi.

Baca Juga: Polres Majalengka Gelar Rekonstruksi Rajapati di Hareupeun Pakarangan SD Negeri Simpeureum II

"Sasih ieu waktos nu pinuh barokah oge magfirah, di mana amal kahadean dilipetgandakeun. Kukituna hayu urang teras nyebarkeun kahadean di Kota Angin Majalengka," ceuk Karna Sobahi, Kemis (08/02/2024).

Disebutkeun Karna, salian ti eta, dina bulan Rajab oge dipieling  Isra Mi'raj: Nabi Muhammad SAW ngalaksanakeun lalampahan ti peuting ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsa, satuluyna ditaekkeun ka langit nepi ka Sidratul Muntaha.

Karna Sobahi nu kakoncara tur dipikawanoh tokoh merhatikeun kapentingan umat jeung masarakat nyebutkeun bulan Rajab hadena dipake ngarefleksikeun diri, ngaronjatkeun ibadah, sarta nyebarkeun kahadean ka sasama.

Ieu Ketua DPC PDI Perjuangan Majalengka nu oge  Bupati manten Majalengka dina konteks kagiatan sosial, umajak ka masarakat pikeun aktip dina sababaraha kagiatan amal jeung sosial.

Baca Juga: Dialog Capres 2024 jeung PWI, Anies Baswedan: ‘Tong Méré Dahareun ka Buzzer’

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x