Rajaban jeung Mieling Isra Mi'raj, Karna Sobahi Umajak ka Warga Majalengka Nyebarkeun Kahadean

- 8 Februari 2024, 19:24 WIB
H.Karna Sobahi, bupati manten Majalengka.
H.Karna Sobahi, bupati manten Majalengka. /Ayank/galura.co.id

"Hayu sasarengan urang jantenkeun sasih Rajab momentum kangge midamel kahadean nu tiasa ngabengraskeun kahirupan sasama," ceuk Karna.

Karna Sobahi oge nandeskeun pentingna ngaronjatkeun ibadah, kaasup ngalaksanakeun puasa sunnah, dzikir jeung ngalobakeun do'a.

"Sasih Rajab  waktos nu merenah kangge langkung ngaronjatkeun hubungan urang sareng Allah SWT," ceuk Karna Sobahi nu kungsi mingpin Kabupaten Majalengka di periode 2018-2023.

Inyana miharep sangkan masarakat bisa ngarasakeun mangpaat spiritual jeung sosial tina mieling bulan Rajab katut Isra Mi'raj.***  Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah