Bupati Manten Majalengka H. Karna Sobahi: Ajenan Proses Hukum, Pentingna Prinsip Azas Praduga Tak Bersalah

- 15 Maret 2024, 11:10 WIB
Bupati manten Majalengka, H.Karna Sobahi
Bupati manten Majalengka, H.Karna Sobahi /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID  -Kejaksaan Tinggi Jawa Barat netepkeun Kepala Badan Kepegawaian dan Pengembangan Sumber Daya Manusia Kabupaten Majalengka, Irfan Nur Alam, dugaan tersangka korupsi pembangunan Pasar Sindangkasih, Kemis 14 Maret 2024

Bupati manten Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd., anu mangrupakeun bapana Irfan Nur Alam, nyebutkeun bakal ngajenan proses hukum anu keur lumangsung.

“Simkuring percanten bebenaran bakal kaungkab sagemblengna nalika proses huku lumangsung. Sadaya pihak bakal kagungan kasempetan anu sami kangge ngengingkeun kaadilan anu adil tur objektif,” ceuk H. Karna Sobahi dina pernyataan tinulis anu katampa ku Galura.

Baca Juga: Rajaban jeung Mieling Isra Mi'raj, Karna Sobahi Umajak ka Warga Majalengka Nyebarkeun Kahadean

Karna Sobahi ngelingan sakumna pihak kana pentingna nyepeng prinsip asas praduga tak bersalah dina ngalaksanakeun proses hukum naon wae.

“Simmkuring percanten, bebenaran bakal mendak jalanna nyalira. Sadaya fakta sareng bukti bakal diajengkeun sacara transparan. Dina waktosna bebeneran bakal kaungkab kalayan ebreh tur bengras," ceuk H. Karna Sobahi.

Karna umajak ka sakumna pihak pikeun sabar jeung mercayakeun proses hukum ka lembaga anu berwenang. Inyanna yakin  kaadilan bakal ditanjeurkeun, tur bebenaran bakal jadi nu nangtukeun dina ieu kasus.

“Simkuring miharep supados penegakan hukum tiasa dilaksanakeun kalayan transparan sareng tanggel waler, teu aya kapentingan naon wae di satukangeun ditetepkeunana tersangka," ceuk  H. Karna Sobahi.

Baca Juga: Karna Sobahi dina Pilkada Majalengka 2024, Manaskeun Mesin Partey jeung Relawan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x