Karna Sobahi Maju deui Pilkada 2024, Tb Hasanuddin Siap Ngarojong

- 9 Oktober 2023, 10:51 WIB
Deklarasi Dukungan Relawan Laskar Majalengka, nu digelar Lingkar Setia Karna (Laskar), Saptu (08/10/2023).
Deklarasi Dukungan Relawan Laskar Majalengka, nu digelar Lingkar Setia Karna (Laskar), Saptu (08/10/2023). /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Mayjend (Purn) Tb Hasanudin ngaluuhan kagiatan Deklarasi Dukungan Relawan Laskar Majalengka, nu digelar Lingkar Setia Karna (Laskar), Saptu (08/10/2023).

Harita Relawan Laskar ngadeklarasikeun ngarojong H. Ganjar Pranowo, S.H., M.I.P., keur Presiden RI taun 2024, Mayjend Tb Hasanuddin pikeun anggota DPR RI, Dr. Hj. Ineu Purwadewi Sundari, S.Sos., M.M., pikeun anggota DPRD Provinsi Jawa Barat, jeung Dr. H. Karna Sobahi, M.M.Pd., pikeun Bupati Majalengka entragan ka-2.

Tb Hasanuddin dina eta kasempetan eta nyebutkeun siap ngameunangkeun Ganjar Pranowo For Presiden RI 2024 jeung Karna Sobahi pikeun Bupati Majalengka entragn ka-2. “Presiden Joko Widodo tacan aya nu tiasa nyaingan kamampuhna, salin ti Ganjar Pranowo,” ceuk Tb Hasanuddin.

Baca Juga: Matandangna Kapolres Majalengka dina Kejuaraan Tembak Reaksi IPSC Kapolda Jabar Championship

Disebutkeun Tb Hasanuddin, kapasitas kamampuh Ganjar Pranowo geus teu bisa dimomorekeun deui, salian kungsi ngajabat Gubernur Jawa Tengah salila 2 entragan. "Anjeunna oge kantos janten anggota DPRD Provinsi Jawa Tengah ti Fraksi PDI-P selami 2 entragan," ceuk Tb Hasanuddin.

Pikeun kapamingpinan bupati di Kabupaten Majalengka, Tb Hasanuddin nu kiwari masih jadi anggota DPR RI ti Fraksi PDI-P, geus siap ngarojong Karna Sobahi pikeun jadi bupati nu kadua kalina.

“Ti maju nu munggara, simkuring tos ngarojong Karna Sobahi. Simkuring harita ngadu’a anjeunna unggul deui, alhamdulillah janten. Kiwari kangge kadua kalina simkuring siap ngarojong deui. Sarengsena dua periode ngajabat Bupati, saterasna dirojong kangge janten Gubernur Jawa Barat,” ceuk Tb Hasanuddin.

Dina kagiatan nu diluuhan rebuan relawan Laskar sa-Kabupaten Majalengka, hadir oge Ketua DPC PDI-P Dr. H. Karna Sobahi, M.M.Pd., Anggota DPRD Propinsi Jawa Barat ti Fraksi PDI-P Dr. Hj. Ineu Purwadewi Sundari, S.Sos., M.M.

Salian eta hadir sababaraha anggota DPRD Kabupaten Majalengka ti Fraksi PDI-P, Drs. Eman Suherman, M.M., Panglima Laskar Dr. H. Irfan Nuralam, SH., M.H.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x