Festival Musik Bambu Jawa Barat Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX, Miara Seni Tradisi Titinggal Karuhun

- 9 Oktober 2023, 05:00 WIB
Pidangan musik nu dikokojoan ku grupna Yoyon Darsono, salasahiji nu midang dina Festival Musik Bambu Jawa Barat alpukahna Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX Provinsi Jawa Barat, di Teras Sunda Cibiru, Kota Bandung, Minggu, 8 Oktober 2023.*
Pidangan musik nu dikokojoan ku grupna Yoyon Darsono, salasahiji nu midang dina Festival Musik Bambu Jawa Barat alpukahna Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX Provinsi Jawa Barat, di Teras Sunda Cibiru, Kota Bandung, Minggu, 8 Oktober 2023.* /Rameli Agam/Glr/

GALURA.CO.ID. – Festival Musik Bambu Jawa Barat nu digelar ku Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX Provinsi Jawa Barat dibarung ku patékadan geusan miara seni tradisi titinggal karuhun.

Kalawan midangkeun rupa-rupa kasenian tradisi ti sababaraha daerah, Festival Musik Bambu Jawa Barat alpukahna Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX téh lumangsung di Teras Sunda Cibiru, Kota Bandung, Minggu, 8 Oktober 2023.

Pangna Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX ngagelar Festival Musik Bambu Jawa Barat téh salasahijina alatan Jawa Barat leubeut ku seni nu bahan waditrana tina awi, boh nu sipatna tradisional boh modéren.

Seni musik tradisi nu waditrana tina awi dina wangun nada pentatonis, di Jawa Barat antarana waé aya angklung buncis, angklung sered, bangkong reang, calung, toleat, calung renteng, jeung nu séjénna.

Baca Juga: Rapat Teknis Kebudayaan 2023 Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX, Tarekah Ngamajukeun Kabudayaan

Ngan hanjakal, ka dieunakeun, saeutik gedéna, kalumangsungan kahirupan éta tradisi seni buhun téh lir nu méh kapopohokeun, teu saeutik masarakat nu teu deui mikawanoh kana titinggal karuhun samodél seni musik nu waditrana tina awi.

Ku kituna, Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX Jawa Barat kalawan rukun gawé jeung Komunitas Seniman Tradisi (Komstrad) Jawa Barat, ngagelar Festival Musik Bambu Jawa Barat nu boga téma ‘Melestarikan Tradisi Seni Bihari, Menciptakan Kreasi Seni Kiwari.’    

Ku digelarna Festival Musik Bambu Jawa Barat, dipiharep, masarakat mingkin mikawanoh, ngaaprésiasi, sarta tumuwuh rasa miboga seni budaya di Jawa Barat, hususna jenis musik nu waditrana tina awi, leuwih jauhna enggoning ngawanohkeunana ka entragan ngora.

Kepala Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX Provinsi Jawa Barat, Dwi Ratna Nurhajarini, ngécéskeun, éta Festival Musik Bambu Jawa Barat téh boga maksud geusan ngarojong tujuh agenda ngamajukeun kabudayaan, salasahijina ku cara masilitasan ayana rohang ekspresi seni budaya nu henteu eksklusif.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x