Bupati Manten Majalengka H. Karna Sobahi: Ajenan Proses Hukum, Pentingna Prinsip Azas Praduga Tak Bersalah

- 15 Maret 2024, 11:10 WIB
Bupati manten Majalengka, H.Karna Sobahi
Bupati manten Majalengka, H.Karna Sobahi /Ayank/galura.co.id

Disebutkeun H. Karna Sobahi, inyana katut kulawarga ngarasa yakin, Irfan Nur Alam, teu salah dina tuduhan anu dialamatkeun ka dirina.

Inyanna oge percaya bebeneran bakal kaungkab sarta mampu ngabuktikeun  Irfan teu salah kalayan bukti anu nembrak tur objektif.

“Minangka sepuh, simkuring bakal teras masihan rojongan moral sareng pangaping ka Irfan salami proses hukum lumangsung. Simkuring percanten kana kaadilan katut integritas sistem peradilan. Simkuring ngaraos yakin pun anak, Irfan, bakal ngengingkeun perlakuan anu adil saluyu sareng hukum," ceuk H. Karna.

H. Karna Sobahi oge umajak ka sakumna pihak, sangkan teu spekulasi kana ieu pasualan, sarta ngajak ngadagoan proses hukum anu keur lumangsung.

“Dina sasih Romadon ieu, sim kuring kalayan asma kulawargi nyuhunkeun pidu'ana katut rojonganna ti sakumna masarakat, supados sagala rupi cocobi enggal rengse. Simkuring sakulawargi mudah-mudahan dipasihan kasobaran sareng katabahan. Hatur nuhun kana perhatosanana," ceuk H. Karna Sobahi.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah