H. Karna Sobahi Safari Romadon ka Masjid Al-Huda jeung ka Masjid Al-Falah

- 29 Maret 2024, 16:49 WIB
Karna Sobahi safari Romadon.
Karna Sobahi safari Romadon. /Ayank/galura.co.id.

GALURA.CO.ID - Ketua DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka (Bupati Manten Majalengka periode 2018-2023), Karna Sobahi ngalaksanakeun kagiatan Safari Romadon. Anyar keneh ka Desa Sukahaji tepatna di Masjid Besar Desa Al Huda, dituluykeun Sholat Jumaahan di Masjid Al Falah Desa Tanjungsari Kecamatan Sukahaji, Jumaah (29/03/2024).

Dina eta kasempetan, Karna Sobahi tausyiah ngeunaan kautamaan Bulan Ramadhan tur masrahkeun santunan keur anak yatim piatu jeung lansia jompo.

"Saom teh kawajiban umat Islam luyu sareng Surat Al Baqarah ayat 183 anu uningana: Haeu, jalmi-jalmi anu iman diwajibkeun ka aranjeun sadayabpuasa sakumaha diwajibkeun ka jalma-jalma saacan aranjeun supados anjeun taqwa," ceuk H. Karna Sobahi.

Baca Juga: Bupati Manten Majalengka H. Karna Sobahi: Ajenan Proses Hukum, Pentingna Prinsip Azas Praduga Tak Bersalah

Satuluyna, ceuk H. Karna, sangkan umat Islam bisa ngamangpaatkeun hirupna kalayan sahade-hadena,   di antarana aya dina jero Surat Al Baqarah ayat 45, anu uningana, jantenkeun sabar oge sholat pitulung anjeun sabab ku sholat, urang sakumna ditebihkeun ku perbuatan keji jeung munkar.

Hayu urang mulyakeun Bulan Romadon kalayan sahade-hadena. Hayu urang ronjatkeun amalan di bulan Romadon, hayu urang lomba dina kahadean tur silih hampura, jadikeun Majalengka aman, merenah tur kondusif.

"Salami lima taun mupuhuan Majalengka diuji ku Allah SWT musibat covid 19. Sanaos kitu alhamdulillah seueur pangwangunan tiasa dilaksanakeun. Jalan, sasak, irigasi, gedong-gedong sakola seueur anu dibangun".

"Pon kitu deui dibangunna sababaraha fasilitas publik di kota Majalengka, sapertos di Taman Sajarah, Taman Raharja, Taman Bagja Raharja, Alun-alun Majalengka, GGM, sarta sababaraha rupi hasil pangwangunan lianna," ceuk Karna.

Salian sababaraha pangwangunan bisa dilaksanakan di pamarentahanna, diangkat rebuan P3K guru jeung tanaga teknis lianna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x