Masarakat Kabupaten Majalengka Miharep Karna Sobahi Maju deui di Pilkada 2024

- 30 Maret 2024, 16:50 WIB
H.Karna Sobahi.
H.Karna Sobahi. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Buah tina hasil kapamingpinan H. Karna Sobahi di Kabupaten Majalengka periode 2018-2023, diapresiasi ku masarakat kana kamajuan anu signifikan dina pangwangunan infrastruktur jeung sektor pendidikan.

Salila lima taun, sanajan nyanghareupan sababaraha tangtangan, kaasup pandemi Covid-19. Karna Sobahi sukses ngarobah Majalengka anu baheula disebut "Kota Pangsiunan" kiwari bakal jadi Kota Metropolitan, ku alpukahna sababaraha proyek pangwangunan anu signifikan.

"Salasawios aspek nu janten sorotan nyaeta pangwangunan infrastruktur sqpertos jalan, jembatan, irigasi, gedong-gedong sakola oge fasilitas publik sanesna tos dibangun kalayan mesat dina kapamingpinan pa H. Karna Sobahi," ceuk Kusnadi, salasaurang warga Kecamatan Sukahaji, Saptu (30/3/2024).

Baca Juga: H. Karna Sobahi Safari Romadon ka Masjid Al-Huda jeung ka Masjid Al-Falah

Lain ukur eta wae, ceuk Kusnadi, pangwangunan area rekreasi saperti Taman Sejarah, Taman Raharja jeung Taman Bagja Raharja oge milu nambahan kelir anyar keur kahirupan masarakat Majalengka.

Salian pangwangunan fisik, sektor pendidikan oge meunang perhatian daria ti Karna Sobahi. Rebuan P3K guru jeung tanaga teknis lianna diangkat salila kapamingpinana jadi Bupati Majlengka, ngronjatkeun kualitas atikan di daerah.

Loba warga lianna oge anu satuju tur ngahatur nuhunkeun ka Karna Sobahi ku perhatianna ka daerahna. Kapamingpinan Karna Sobahi geus ninggalkeun tapak lacak anu hade tur mawa parobahan positif keur masarakat Majalengka.

"Simkuring katut sakumna masarakat Kabupaten Majalengka ngadoakeun tur miharep supados pa H. Karna Sobahi tiada kapilih deui kanten Bupati Majalengka periode 2024-2029," ceuk Mulyani.

Karna Sobahi ngungkabkeun, eta teh eta hasil tina tekadna pikeun mawa kamajuan oge kabarokahan keur masarakat Majalengka.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x