Pola Garapan Pintonan Rampak Kendang Bihari jeung Kiwari

- 2 Juli 2024, 16:00 WIB
Seni Pertunjukan Rampak Kendang.
Seni Pertunjukan Rampak Kendang. /Rinaldi Subagja/

GALURA.CO.ID -Luyu jeung ngarana rampak kendang, dina pintonana dina wangun rampak, nu ngaranna rampak tangtu leuwih ti hiji, boh kendangna boh nu nabeuhna, kalawan tepakna sawanda, sarua, sawirahma. Rampak kendang mimiti dipikawanoh balarea taun 1980-an, sarta pada dipilakalandep ku masarakat, jadi pintonan nu matak ngirut.

Saméméh taun 1980, rampak kendang, kendang jeung nu ngendangna leuwih ti dua urang, ngan aya di Konservatori Karawitan (Kokar) atawa Sekolah Menengah Karawitan Indonésia (SMKI/SMKN 10 Bandung). Waktu siswana diajar nabeuh kendang, dina pelajaran kendang, ku Nandang Barmaya sok dipintonkeun mun aya tamu nu datang ka Kokar.

Harita mah can aya raéhan, tepak kendangna ogé dina wangun gaya kalasikan. Kendang rampak ku Yoyo Risyaman Guru SMKI diropéa dijieun resital dina raraga ujian karya akhir sarjana muda Akademi Seni Tari Indonésia (ASTI) Bandung, kiwari Institut Seni Budaya Indonésia (ISBI) Bandung.

Aya ogé kaol (versi) séjén cenah rampak kendang sumberna tina kendang penca, jeung aya deui nu nyebutkeun tina tepak kendang kasenian banjet jeung jaipongan. Anu pangheulana mintonkeun rampak kendang di Istana Nagara teh SMKI Bandung, nu nabeuhna leuwih ti sapuluh urang. Anu remen manggungkeun rampak kendang teh Padépokan Jugala.

Saméméh taun 1980, Diréktur Kokar diangkir ku Gubernur Jawa Barat, nu jeneng gubernur harita Pa Aang Kunaéfi, anu karek mulang ka India, anjeunna waktu di India disuguhan pintonan kendang rampak. Anjeunna némbongkeun vidéona, bari aya pamundut hoyong aya paket seni rampak kendang.

Kahayang Gubernur Aang ditedunan ku Pa Yaya, saterusna rampak kendang digarap di sakola. Hasilna di pintonkeun di kantor gubernur. Kalandep ku Pa Aang.  Ti harita rampak kendang mindeng pentas di kantor gubernur jeung Istana Negara, ogé Anjungan Jawa Barat Taman Mini Indonésia Indah (TMII).

Ti saprak harita tingpuncunghul garapan rampak kendang, méh unggal grup kesenian boga pakét seni rampak kendang. Pamaéna, bisa lalaki, bisa wanoja, ngan karéréna anu midangkeun rampak kendang mah lalaki. Motip tabeuhna dina wanda ketuk tiluan, jaipongan, jeung kalasikan. Anu maéna paling copél tiluan, kungsi anu nabeuh kendang leuwih ti 100 urang.

Rampak kendang pada mikalandep. Unggal tim kasenian anu manggung di mancanagara, teu weléh midangkeun rampak kendang. Waditra utamana, unggal pamaén nabeuh kendang indung jeung kulanter anu jumlahna dua.

Seni rampak kendang dipirig ku gamelan laras pélog jeung saléndro, piriganna diwangun ku saron 1, saron 2, peking, demung, kenong, rebab, kecrék, jeung goong.  Dangdanna, aya nu maké iket, kamprét, pangsi jeung sarung, aya ogé anu maké bendo, baju takwa, jeung sinjang.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah