Artis Eksanti ku PAN Ditawarkeun ka Dadang Supriatna Jadi Pasangan Cabup Cawabup dina Pilkada 2024

- 10 Juni 2024, 14:59 WIB
Artis Eksanti ditawarkeun Partai Amanat Nasional (PAN) jadi pasangan Dadang Supriatna.
Artis Eksanti ditawarkeun Partai Amanat Nasional (PAN) jadi pasangan Dadang Supriatna. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Artis Eksanti ditawarkeun Partai Amanat Nasional (PAN), pikeun jadi calon wakil Bupati Bandung keur Bupati Bandung incumbent, Dadang Supriatna, dina Pilkada Kabupaten Bandung, 27 Nopember 2024.

Kitu ditepikeun Ketua DPP PAN Ahmad, Najib Qodratullah, waktu patepung jeung Dadang Supriatna di Imah Dinas Bupati Bandung di Soreang, Ahad, 9 Juni 2024, peuting.

Ku PAN ngajukeun cawabupna, kamungkinan gedè partey nu lambangna panon poè morèrèt teh baris ngagabung di Koalisi Bedas, nuturkeun Nasdem, Demokrat jeung Gerindra nu geus ngagabung jeung PKB.

Samèmèhna, DPC PKB Kabupaten Bandung  ngadongdoni Kantor DPD PAN Kabupaten Bandung di Kecamatan Katapang. Harita PKB ditarima langsung Ketua DPD PAN Kabupaten Bandung Thoriqoh Nasrullah nu dibarengan Eksanti, jeung rèngrèngan pangurus PAN Kabupaten Bandung lianna.

Eksanti balakan niat pikeun ngadaftarkeun diri jadi calon wakil Bupati Bandung ti PAN jeung geus nyokot formulir pendaftaran.

"Sim kuring wangsul ka lembur ka Kabupaten Bandung. hoyong sasarengan ngawangun lembur.. Tapi ieu teh mulih deui kana kaputusan  Ketua DPD PAN Kaupaten Bandung, DPW sareng DPP PAN," ceuk Eksanti.

Iwal ti Eksanti nu ngadaftarkeun diri ti PAN keur posisi cawabup teh Ketua DPD PAN Kabupaten Bandung, Thoriqoh, aya ogè kader PAN Rahmat Setiabudi, nu ogè praktisi hukum ti Persatuan Advokat Indonesia (Peradi) Kabupaten Bandung, kaasup Ketua Fraksi PAN DPRD Kabupaten Bandung, Eep Jamaludin Sukmana.

Mairan silaturahmi ti Ketua DPP PAN Ahmad Najib, calon Bupati  Bandung incumbent Dadang Supriatna ngaku siap narima saha waè nu nepungan dirina. Rèk kumaha engkèna, ceuk Dadang aya komunikasi tuluyna.

Iwal ti Eksanti, samèmèhna ogè Dadang Supriatna narima silaturahmi ti sajumlah artis. Di antarana artis sinetron Lucky Perdana, Charly ST 12, aktor Afdhal Yusman, pemeran sinetron kolosal Angling Dharma, samalah tokoh Jawa Barat, wali  kota manten Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah