Kepala Inspektorat Majalengka: Jaga Netralitas Aparatur Sipil Negara di Pilkada 2024

- 14 Juni 2024, 12:57 WIB
Kepala Inspektorat Kabupaten  Majalengka.
Kepala Inspektorat Kabupaten Majalengka. /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID - Netralitas Aparatur Sipil Negara (ASN) dina Pilkada 2024 hal anu kawilang penting pikeun ngajaga integritas jeung kredibilitas pilkada.

ASN kudu bisa ngajaga netralitas dina ngalaksanakeun satiap tugasna, boh  panyalagra, pengawas, boh pamilon Pilkada.

Kepala Inspektorat Kabupaten Majalengka, Hendra Kristiawan nyebutkeun, sababaraha waktu katukang sakumna ASN geus ngalaksanakeun deklarasi.

"Kahiji tos dilaksanakeun deklarasi. Allhamdulilah Pa Pj Bupati oge tos ngarojong kagiatan pilkada. Anjeunna oge meredih tim internal kangge saenggalna ngalaksanakeun deklarasi sakumna ASN," ceuk Hendra ditepungan ku wartawan di Kantor Inspektorat Majalengka, Kemis 13 Juni 2024.

Kadua patalina jeung kepala desa tadi  disebutkeun, inspektorat teu reureuh tur koordinasi oge jeung Bawaslu Majalengka.

"Patalina sareng kepala desa memang tos aya anu ngalaporkeun ka Inspektorat, oge kiwari tos diungkulan," ceuk Hendra.

Prinsipna inspektorat moal gagabah dina nyurahan palanggaran anu kajadian di lapangan. "Inspektorat tetep bakal koordinasi utamina sareng Bawaslu," ceuk Hendra.

"Patalina sareng ASN saksi tos jelas nya, aya di undang-undang ASN sateng di peraturan pamarentah ngeunaan disiplin pegawai. Langkung teknis, eta aya di SKB antawis Menteri Dalam Negeri, KASN kalebet  sareng Bawaslu," ceuk Kepala Inspektorat.

Dina kituna inyana nyebutkeun kiwari lnspektorat jeung Bawaslu keur koordinasi sacara intens, kira-kira naon parameterna keur naujaning laku ayana laporan-laporan dugaan pelanggaran.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah