Bupati Bandung Ngarojong pisan Pangwangunan Masjid di Kabupaten Bandung

- 23 April 2024, 07:54 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna merenahkeun batu munggaran renovasi Masjid  Jami Al-Jihad  Desa Lengkong Kecamatan Bojongsoang (22/04/2024).
Bupati Bandung Dadang Supriatna merenahkeun batu munggaran renovasi Masjid Jami Al-Jihad Desa Lengkong Kecamatan Bojongsoang (22/04/2024). /Sopandi/galura.co.id

Inyana ogè cumeluk ka sajumlah pihak sangkan guyub rampak gawè dina program pentahelix. "Utamina para agnia, para pangusaha, supados sasarengan midamel kasaèan," ceuk Bupati Bandung.

"Saparantos jalmi ngantunkeun alam dunya bakal pegat sadaya amalna kajabi tilu perkara, nu salasahijina shodaqoh amal jariiyah. Di antawisna ngabantos pangwangunan masjid, amal jariyah nu moal pegat pahalana," ceuk Dadang Supriatna.

Kepala Desa Lengkong, Kecamatan Bojongsoang, Agus Salam Rahmat, nganuhunkeun ka Bupati Bandung nu geus merenahkeun batu munggaran renovasi Masjid Jami Al Jihad jeung kana pangrojongna.

Agus umajak ka masarakat pikeun ngadukung program-program prioritas Bupati Bandung nu nuluy tur geus karasa mangpaatna ku masarakat. *** Sopandi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah