Piknik ka Curug Cipanji di Desa Tenjolaya, Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung, Nyeuseup Hawa Seger

- 23 Juli 2023, 06:00 WIB
Curug Cipanji di Desa Tenjolaya, Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung,  Jawa Barat.
Curug Cipanji di Desa Tenjolaya, Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung, Jawa Barat. /

Dina sela-sela lumampah, selang satengah perjalanan, urang bisa istirahat di warung ngadon jajan bari ngareureuhkeun kacape.

Curug Cipanji teh aya opatna. Anu sok biasa dideugdeug mah ukur 3 curug, sabab keur ngahontal curug sejena jalana kawilang tarahal, rembet ku kakayon jarang kasaba ku jalma.

Di Curug anu katilu, anu luhurna 25 meteran, urang bisa ngadon selfi bari tanggah ningali cai anu ngeprul turun ti luhur gunung. Dina tangkal kai monyet pating guntayang.

Mun geus sakali piknik ka Curug Cipanji pasti bakal deudeuieun. Sakumaha anu kaalaman ku Faisal (26 taun),urang Sukabumi. Inyana geus genep kali piknik ka Curug Cipanji. Lima kali waktu keur masih bubujangan, sakali jeung anak pamajikan.

"Kapungkur lima kali piknik kadieu teh waktos masih bubujangan,sareng rerencangan.Ayeuna mah piknik kadieu teh sareng pun bojo,sareng pun anak," ceuk Faisal, urang Bandung anu kiwari mangkuk di Sukabumi ngadon ngumbara nuturkeun pamajikan.

Baca Juga: Karamat Gunung Cupu di Desa Nagarajaya Kecamatan Panawangan Kabupaten Ciamis

Nu ngadon piknik ka Curug Cipanji lain wae nonoman."Tadi ti rorompok miang teh tabuh 10. Hoyong terang sapertos kumaha Curug Cipanji. Sakantenan olahraga, nyoba awak, apa kiat keneh ieu salira lumampah naek turun gunung," ceuk Ahmad (60 taun), asal Soreang.

Harita ka Curug Cipanji bareng jeung abrulan wisatawan asal ti Jalan Kopo Bandung. "Ibu mah nembean," ceuk awewe tengah tuwuh. Najan kakara, inyana resepeun piknik ka Curug Cipanji teh sabab alamna endah jeung hawana seger.

Pamarentah Desa Tenjolaya gede pisan karep hayang ngokolakeun Curug Cipanji pikeun dijadikeun tempat pariwisata. Ngan ceuk Kades loba hal anu perelu jadi pamikiran pakait jeung nu ngarana ngokolakeun wisata Curug Cipanji.

“Nu mawi dugi ka danget ieu teu acan dibetuskeun atanapi diajengkeun kanggo dijantenkeun tempat wisata", cek Kades Tenjolaya ngaliwatan WhatsApp.*** Lili Guntur

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x