KIM Cerdas Tarumajaya Kabupaten Bandung Dileler Dua Pangajèn Tingkat Nasional

- 30 Oktober 2023, 17:56 WIB
KIM Cerdas Tarumajaya jeung Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung Yosep Nugraha (ka-4 ti katuhu).
KIM Cerdas Tarumajaya jeung Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung Yosep Nugraha (ka-4 ti katuhu). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kepala Dinas Komunikasi dan Informatika (Diskominfo) Kabupaten Bandung, Yosep Nugraha ngaluuhan Festival Kelompok Informasi Masyarakat (KIM) 2023 nu diayakeun ku Kementerian Komunikasi dan Informasi Republik Indonesia (Kemenkominfo RI), di Kota Surabaya, Saptu 28 Oktober 2023.

H. Yosep jadi saksi Kabupaten Bandung ngahontal prestasi deui tingkat nasional, lebah dieu KIM Cerdas Desa Tarumajaya nu dileler dua pangajèn tingkat nasional dina puncak ngariakeun KIM Festival 2023.

Yosep ngungkabkeun kareueus, tur harepan kana peran jeung fungsi KIM ka hareupna. Inyana neueulkeun  KIM teu ukur jadi pangayak informasi hoax di masarakat tapi ogè  nyebarkeun informasi positip pikeun pangwangunan.

Baca Juga: Lain Kampanye, Caleg DPR RI Siti Tuti Susilawati Senam di Lapang Upakarti Mulangkeun Panineungan keur Budak

"Simkuring reueus sareng bingah ku prestasi nu diihontal KIM Cerdas. Saatos ngalangkungan proses pameunteun salami tilu sasih, antukna tiasa ngahontal prestasi saè," ceuk Yosep.

KIM Cerdas Tarumajaya kapilih KIM Terbaik tingkat nasional kategori Bidang Pertanian dan Perkebunan sakaligus jadi KIM Favorit dina .KIM Festival 2023.

Ka hareup, ceuk Yosep Diskominfo Kabupaten Bandung baris ngabina masarakat tur ngabentuk KIM di saban desa di Kabupaten Bandung. Inyana ngajelaskeun, danget ieu karek kabentuk 106 KIM di 270 desa jeung 10 kelurahan nu aya di Kabupaten Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x