Caleg DPR RI Siti Tuti Susilawati Ziarah ka Makam Luluhurna di Situs Embah Dalem Gajah

- 26 Oktober 2023, 10:04 WIB
Sania Siti Tuti Susilawati, caleg DPR RI, jeung kulawargana ziarah ka makam luluhurna.
Sania Siti Tuti Susilawati, caleg DPR RI, jeung kulawargana ziarah ka makam luluhurna. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Calon anggota legislatif (Caleg) DPR RI, Sania, nenehna Siti Tuti Susilawati ziarah ka makam kolotna jeung luluhurn di lemburna Gajaheretan RT 02/ RW 11 Desa Gajahmekar Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung, Rebo (25/10/2023).

Dibarengan lanceukna, pupuhu Pondok Pesantren Hidayatul Hikmah, KH. Asep Hadimi (Mang Abah), ieu panyanyi R &:B ngado'a di makam indung bapana, Eyang Hj. Siti Khodidjah jeung E Sutisna Idris nu sekomplek di Situs Makom Eyang Dalem Gajah, ukur sababaraha meter ti pesantren Mang Abah.

"Simkuring nedan idin. Margi ku sarèat aranjeunna simkuring tiasa kumelendang di dunya tèh. Mugia tinekanan pamaksadan sumkuring," ceuk Sania.

Baca Juga: Caleg DPR RI ti NasDem, H. Deden Mulyana: Kukuhkeun Perjoangan sangkan Anies Baswedan Unggul di Pilpres 2024

Sania balaka, mentalna siap nyalonkeun diri jadi anggota DPR RI. "Naon nya kasayagianama? Ngamalir wè. Niat simkuring saè. Neda pidua sareng pangrojong ti kulawargi sareng sakumna, " ceuk ieu Caleg DPR RI nomor urut 3 ti Partai Perindo teh.

Ziarah di makam Eyang Gajah memang geus jadi kagiatan maneuh. Ngan danget ayeuna mah ceuk Sania, soan ka indung bapa, sakalian mulangkeun panineungan mangsa keur budak di pilemburan.

Lembur baheula keur Sania budak masih kènèh pasawahan jeung huma, sisi Citarum hieum ku tatangkalan kayaning waru, loa, awie, jeung nu sèjènna.

"Janten simkuring tèh urang lembur, urang gunung. Lami lunta tur wangsul ka lembur dina kaayaan lembur tos benten. Sapertos pun lanceuk Abah Haji, simkuring ogè kantos ngumbara, teras wangsul ka lembur. Adi lanceuk kantos miang ti lembur wangsul deui, kalawan luang nu bènten. Tapi sami gaduh niat saè," ceuk Sania.

Baca Juga: Harepan Muhaimin Marengan Anies di Pilpres 2024 Disaluyuan ku PKS Tinekanan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x