Kudu Aya Regenerasi Patani di Kabupaten Bandung

- 25 Oktober 2023, 21:14 WIB
Bupati  Bandung , Dadang Supriatna, narima audensi Dandim 0624/Kabupaten Bandung Letkol Inf Hamzah Budi Susanto jeung Universitas Padjadjaran (Unpad) di Ruang Rapat Bupati Bandung di Soreang, Rebo (25/10/2023).
Bupati Bandung , Dadang Supriatna, narima audensi Dandim 0624/Kabupaten Bandung Letkol Inf Hamzah Budi Susanto jeung Universitas Padjadjaran (Unpad) di Ruang Rapat Bupati Bandung di Soreang, Rebo (25/10/2023). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Bupati Bandung Dadang Supriatna narima audensi Dandim 0624/Kabupaten Bandung Letkol Inf Hamzah Budi Susanto jeung Universitas Padjadjaran (Unpad) di rohang rapat Bupati Bandung di Soreang, Rabo (25/10/2023).

Bupati Bandung  ngusulkan pikeun nambahan patani ti  generasi ngora patani, generasi ngora kudu dilibetkeun jang regenerasi dina tatanen di Kabupaten Bandung. 

"Mun seug ieu dilakukeun, Unpad jeung Babinsa (Bintara Pembina Desa) TNI bakal leuwih sinergi jeung sukses," pokna.

Baca Juga: Galura Cetak IV Oktober 2023, Nganti Pamimpin Harendong Papak, Misteri Makam dina Kuta

Keur nyiptakeun generasi ngora patani Bupati Bandung ogè nginstruksikeun Dinas Pertanian Kabupaten Bandung gawè bareng jeung Unpad. "Anggaran, badè diihtiaran asal sasaranana jelas," pokna.

Dadang Supriatna ngaku, pihaknya geus gawè bareng jeung Dandim 0624/Kabupaten Bandung katut Unpad, taun hareup aya inovasi anyar ti mimiti nyiapkeun demplot tepi ka marketing.

Bupati Bandumb meredih BUMD ngajalin gawè bareng jeung hasil produksi para patani di Kabupaten Bandung. Inyana ogè nyebutkeun kabutuhan ASN lamuna diitung sabulanna bisa ngahontal Rp 10 miliar dikalikeunn 12 bulan kurang leuwih tepi kana Rp 120 miliar.

"Lamun dibina alus baris kajadian multiplayer efect sacara ekonomi mikro. Hartina para ASN wajib meuli hasil produksi pertanian," ceuk Bupati Bandung..

Dadang Supriatna ngaku, jang panambahan generasi ngora patani, pihakna geus momprogramkeun katut nganggarkeun taun harep Rp 1,4 miliar. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x