Bupati Bandung Nyayagikeun 5.000 Kuota keur Pelajar Nongton Piala dunia U 17 di Si Jalak HArupat

- 23 Oktober 2023, 12:44 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung Ratu Tisha Destria. Bupati Bandung ngajurung sangkan ASN lalajo langsung Piala Dunia U 17 di Stadion Jalak Harupat.
Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung Ratu Tisha Destria. Bupati Bandung ngajurung sangkan ASN lalajo langsung Piala Dunia U 17 di Stadion Jalak Harupat. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Minangka wujud rojongan  kana Piala Dunia U-17, Bupati Bandung Dadang Supriatna ngajurung para ASN sangkan lalajo pertandingan nu dilaksanakeun di stadion Si Jalak Harupat, Kabulaten Bandung. Keur pelajar  disadiakeun kuota, lobana 5000.

“Para ASN Kabupaten Bandung mangga narongton langsung di Stadion Si Jalak Harupat. Sanès ti kitu aya 5.000 kuota kanggo para pelajar supados tiasa nongton pertandingan langsung di Si ajalak Harupat,” ceuk Bupati Bandung  basa acara Trophy Experience Piala Dunia U 17 di lapangan Upakarti, Ahad (22/10/2023).

Bareng jeung Bupati Bandung Dadang Supriatna, Wakil Ketua Umum PSSI Ratu Tisha Destria miharep Piala Dunia U 17 jadi titik balik nguniangna sepakbola Indonesia, hususna di Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Tumorojog ka Victory Waterpark Sadu Kabupaten Bandung, Caleg DPR RI Sania Siti Tuti Susilawati Dipalotret

Ceuk Ratu, Indonesia bakal boga kasempetan pikeun ngilikan kuamaha para pamaèn ti nagara-nagara saperti Jepang, Mexico, jeung Jerman maèn dina ngulinkeun bola. Tarèkah Pemkab Bandung dina nyayagikeun sagala fasilitas keur Piala Dunia U 17 kacida diapresiasi Ratu Fisha.

Dirima nètèlakeun, para pamain jeung official bakal nepi di Stadion Si Jalak Harupat liwat kereta cepat "Whoosh," nu ukur merelukeun 45 menit lalampahan ti Stasiun Kereta Cepat Tegalluar. Sajaba eta, 30 bus khusus ogè geus disiayagikeun jang ngagampilkeun akses pamaen jeung panontongton indit ka venue.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x